Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/217

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
211

tangtoe ka loewar ka kami, toeloej pingadegeun bari njěboet padjěněngan Pangeran Allahna; seug ngoengkoelkeun pananganana ka enggonna, bari ditjageurkeun leprana. Naha waloengan Damsik lain aloes alah batan sakabeli tjai Israil?” Bral Naäman malik, sarta angkat bari běndoe. Ser abdi-abdina njalampeurkeun, sarta mihatoer ka andjeunua: „Noen, ama! manawi eta nabi ka andjeun ngadawoeh pěrkawis noe roegěl, naha koe andjeun moal dilampahkeun? geus soemawonna ari nimbalan ka andjeun: Geura siram, mangke běrěsih!” Toeloej bas moedoen, pek neuleumkeun andjeun ka tji Jordan toedjoeh kali, seug dagingna poelih deui, saperti daging boedak leutik, sarta djadi běrěsih.

2. Tidinja moelih deui ka piwarangan Allah teh, bari mihatoer: „Salěrěsna, abdi teh ajeuna geus terang, jen taja deui Allah di satoengkebing boemi, kadjaba di Israil; doepi ajeuna moegi