Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/216

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
210

dibaroewat. Toeloej ngomong ka ramana: „Adoeh, sirah koering!” Heg dibawa, disanggakeun ka iboena; tidinja dijoek dina lahoenan iboena těpí ka tengah poë, toeloej paeh. Gantjang istri teh oenggah, sok moerangkalih teh dikěděngkeun dina pasarean piwarangan Allah. Toeloej ka loewar, bral angkat ka Elisa, ka goenoeng Karmel, bebedja ka andjeunna. Tidinja Elisa dangdan, bral angkat, noemoetkeun eta istri. Ari geus lébět kana loteng bilikan teja, seug meundeutkeun panto, bari něněda ka Pangeran; tjat naek, bari ngebogkeun andjeun ka eta moerangkalih. Geus kitoe moerangkalih teh běrěsin, meunang toedjoeh kali, braj beunta panonna.

§ 77. Toeloejna.

(2 Radja 5-8.)

1. Ari Naäman, kapala balad radja Sam, djadi djalma gěde di hareupeun djoeraganana, tapi keuna kasakit lepra. Ari di hareupeun geureuha Naäman aja hidji boedak leutik awewe, bangsa Israil, beunang ngadjarah keur mangsa perang. Tidinja eta oendjoekan ka djoeraganana istri: „Naha moen djoeragan aja di pajoeneun nabi (Elisa) noe di Samaria! tinangtos enggal didamangkeun tina kasawatna lepra teh.” Toeloej Naäman ngadeuheus, sarta ngoeninga ka djoeraganana. Seug Naäman teh koe radja Sam didjoeroengkeun ka Joram, radja Israil, sarta dipaparin soerat keur Joram, soepaja koe andjeunna didamangkeun tina kasakitna. Mangsa radja Israil geus ngaos eta soerat, toeloej njosoëk panganggona, bari misaoer: „Naha kami karah Allah, bisa maehkeun djeung ngabiroepkeun?” Ari geus kitoe Elisa ngadjoeroengkeun ka radja, mihatoer kijeu: „Sina datang ka kaoela, mangke eta nganjahokeun, jen aja nabi di Israil.” Tidinja Naäman soemping reudjeung koedana sarta reudjeung karetna, seug njangrog hareupeun lawang boemi Elisa. Geus kitoe Elisa miwarang hidji djalma ka andjeunna, mopojan kijeu: „Geura angkat, moedoe siram toedjoeh kali dina tji Jordan, tangtoe andjeun běrěsih.” Děmi Naäman teh djadi běndoe; toeloej angkat bari njaoer: „Ih, panjana kami eta