Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/215

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
209

awewe, kaäsoep pamadjikan moerid nabi-nabi, sasambat ka Elisa, kijeu sasambatna: „Toewang koering, poen salaki, maot; doepi ajeuna datang toekang mihoetangkeun, sědja njokot anak koering anoe doewa, dek didjijeun boedak.” Lahiran Elisa: „Tjik poepoelih ka kami: aja naon dina imah maneh?” Wangsoelanana: „Soemoeboen, teu gadoeh naon-naon, djabi hidji gotji dieusi minjak.” Lahiranana: „Geura djig, koedoe ngindjeuman wawadahan noe karosong; poma oelah saeutik nja ngindjeum ti sakabeh tatangga maneh, toeloej minjak teh tjitjikeun kana eta sakabeh wawadahan.” Bral awewe moelang ti andjeunna. Ari geus kitoe, barang geus parinoeh wawadahan teh, minjakna ngarandég. Tidinja Elisa ngalahir: Geura djig, eta minjak djoewal, pake majar hoetang maneh; sesana keur pikipajaheun diri maneh djeung anakanak maneh.”

3. Děmi geus kitoe, dina hidji poë Elisa ngaliwat nagara Soenem; ari di dinja aja hidji istri beunghar, seg ngandég ka andjeunna, dihatoeranan toewang. Tina mangsa eta, tijap-tijap andjeunna ngaliwat, sok sindang ka dinja, toewang. Toeloej istri teh mihatoer ka tjarogena: „Salěrěsna eta piwarangan Allah nja soetji. Mangga, oerang njijeun loteng leutik bilikan, seg oerang neundeun di dinja pikeun andjeunna hidji pasarean, hidji medja, hidji korsi, sareng hidji adjoeg; ari geus kitoe, tijap-tijap andjeunna linggih ka oerang, sina sindang ka dinja.” Děmi geus kitoe, dina hidji poë andjeunna soemping deui ka dinja, seug naros ka eta istri: „Saenjana, njai teh ngagětenan ka kami koe sagala kagětenan ijeu; tjik, hajang dikoemahakeun koe kami? Soegan hajang dipangmisaoerkeun ka radja atawa ka kapala balad?” Děmi wangsoelanana: ,,Teu aja; simkoering tjitjing di tengah bangsa simkoering.” Ngomong Gehasi, gandek Elisa: „Sajaktosna teu gadoeheun poetra paměgět.” Heg istri teh ditjěloekan, seug dilahiran koe Elisa: Mangsa ijeu, dina těpoeng waktos kiwari, njai pingarangkoeleun anak lalaki.” Toeloej tiněkanan sakitoe. Ari eta moerangkalih ngagědean, sarta dina hidji poë ka loewar ka ramana, ka noe keur

14