Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/214

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
208

Amal kareta Israil sareng baladna noe toempak koeda!” Lesteu katingali deui. Tidinja Elisa ngadjoengdjoengkeun haroedoem Elias, anoe ragrag ti andjeunna, bari seug moelih. Toeloej ngadeg di sisi tji Jordan. Gantjang njandak haroedoem Elias teh, pek dipeupeuhkeun kana tjai, bari njaoer: „Di mana Pangeran, Allah Elias?” Heg tjai teh njingraj ka dijeu ka ditoe; toeloej Elisa meuntas.

2. Geus kitoe Elisa ti dinja angkat ka Bet-El. Děmi keur andjeunna nandjak di djalau, aja baroedak leutik ka loewar ti eta nagara, pada ngahinakeun ka andjeunna; aromongna ka andjeunna: „Eh goendoel! geura nandjak.” Toeloej andjeunna ngareret ka toekang, seug eta disarapa mawa padjčočngan Pangeran. Djol aja doewa biroewang bidjil ti leuweung, pek

njasaäk 42 baroedak sabatoer eta. - Sanggeus kitoe aja hidji