Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/213

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
207


radja miwarang deui hidji kapala njěkěl 50, katiloena. Ari geus datang, brek tapak-toeoer pajoeneun Elias, bari noenoehoen ka andjeunna: „Noen, piwarangan Allah! moegi pati simkoering sareng pati ijeu abdi-abdi gamparan noe 50 dipikaädjen koe salira gamparan.” Neut Elias indit, miloe djeung eta, marĕk ka radja, bari ngalahir ka andjeunna sakoemaha lahiranana ka oetoesan teja. Tidinja radja teh maot; toeloej Joram, saderekna, ngaganti djadi radja.


§ 76. Elisa, gaganti Elias.

(2 Radja 2—4.)

1. Ari geus kitoe, mangsa Pangeran kërsa njandak Elias ka sawarga, djalan angin riboet, bral Elias angkat ka Jēriho, diiring koe Elisa. Toeloej moerid-moerid nabi noe araja di Jěriho pada njampeurkeun ka Elisa, sarta nararos ka andjeunna: „Koemaha andjeun geus oeninga, jen djoeragan andjeun poë ijeu koe Pangeran bade ditjandak ti andjeun?” Walonanana:„Kaoela ge njaho; rarepeh bae.” Tidinja Elias ngalahir ka Elisa: „Maneh tjitjing bae di dijeu; karana kami koe Pangeran dipiwarang ka tji Jordan.” Ari wangsoelanana: „Děmi djoeměněnging Pangeran! hamo andjeun koe simkoering ditilar.” Seug laladjeng bae padoedoewaän, darongkap ka sisi tji Jordan. Tidinja Elias njandak haroedoemna, digoeloeng, pek dipeupeuhkeun kana tjai; toeloej tjai teh njingraj ka dijeu ka ditoe; seug doewaän teh mareuntas di noe saät. Děmi geus kitoe, pok Elias ngalahir ka Elisa: „Geura menta, hajang dikoemahakeun koe kami, samemeh kami ditjandak ti maneh?” Ari pihatoer Elisa: „Moegi-moegi simkoering meunang roh andjeun doewa bagian.” Lahiran Elias: „Maneh menta noe hese; oepama kami koe maneh katendjo ditjandak ti maneh, tangtoe tiněkanan ka maneh kitoe.” Děmi geus kitoe, sabot tonggoj arangkatna, bari sasaoeran, doemadakan, aja kareta seuneu djeung koeda seuneu, misahkeun andjeunna doewaän; seg Elias moenggah ka sawarga, djalan angin riboet. Ari koe Elisa katingali, sarta njambat: „Ama!