Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/212

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
206



ka Atalia, poetra Ahab noe istri. Hidji mangsa Josapat dibobodo koe 400 nabi bohong, anoe Ahab. Sapedah kitoe angkatna reudjeung Ahab, ngaroeroegan oerang Sam. Ari Ahab njamar heula, toeloej madjoe pěrang, karana radja Sam geus marentah koedoe měrangan ka radja Israil bae. Toeloej aja hidji djalma, měntang gondewa sahinasna bae; heg dipěsatkeun, keuna ka radja Israil; teu lila deui andjeunna poepoes. Ana dikoembah karetana, andjing-andjing pada ngaletakan gětihna. Děmi Josapat moelih ka Jēroesalem sarta kasalamětan. Sarta andjeunna ngadégkeun hakim-hakim di sakabeh nagara Joeda, djeung marentah ka eta hakim-hakim koedoe ngestoekeun timbalan Pangeran.

3. Ari Ahasia, poetra Ahab, djadi radja ngaganti ramana, sarta milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran. Hidji waktoe Ahasia teu damang. Tidinja miwarangan djalma, sarta diparentah kijeu: „Maraneh geura leumpang, koedoe naros ka Baäl-Sěboeb, batara Ekron, ijeu panjakit kami pitjageureun deui atawa moal.” Geus kitoe Elias mapagkeun eta oetoesan radja, sarta ngalahir: „Naha karah euweuh Allah di Israil, noe matak maraneh leumpang, dek nanja ka Baäl-Sěboeb, aällahan Ekron? Koe sabab eta, kijeu timbalan Pangeran: Ahasia moal toeroen deui ti pangheësan, noe geus dioenggahan koe manehna; geus pasti pipaeheun.” Geus kitoe oetoesan teh baralik deui, ngoeninga eta teh ka radja. Mariksa radja ka darinja: „Koemaha tata eta djalma, noe datang něpoengan ka maraneh?” Pioendjoekna: „Soemoehoen, eta djalma anggoanana boeloe, saréng tjangkeng na disaboek koelit.” Saoer radja: „Geus tangtoe Elias, oerang Tisbe teja.” Toeloej radja miwarang hidji kapala njěkěl 50, noe koedoe narangkép Elias. Seug kapala teh ngomong ka andjeunna: „Eh piwarangan Allah! lahir radja: Geura toeroen.” Ngawalon Elias: „Moen ěnja kami piwarangan Allah, sing toeroen seuneu ti langit, ngalěboer ka maneh djeung ka batoer maneh anoe 50.” Djoet toeroen seuneu ti langit, ngalěboer ka maranehanana. Toeloej radja miwarang deui ka Elias hidji kapala njěkěl 50. Ari eta dilěboer nja kitoe pisan. Toeloej