Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/225

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
219

riboet sakijeu gědena, nja koe karana kaoela.” Tatapi eta djalma haběn pada ngadajoeng, hajang moelangkeun kapalna ka darat, ngan teu kadaroegaeun. Pek Joenoes dikoentjloengkeun ka laoet; djep laoet teh ngaranděg ngamoekna. Toeloej eta djalma sarijeuneun koe Pangeran, djeung ngoerbankeun koerban ka andjeunna, bari pada ka loewar padar. Sarta koe Pangeran dikersakeun aja hidji laoek gede, ngalegleg ka Joenoes; ari ajana Joenoes di djero beuteung laoek teh tiloe poë tiloe peuting, sarta sasambat ka Pangeran ti djěro kasoekŏranana. Seug Joenoes koe laoek dioetabkeun ka darat.

Tina hal nabi Joenoes ajana dina djèro beuteung laoek teja, aja pilahir Goesti Jesoer, anoe kijen: ,Saperti Joenoes tiloe poê tiloe penting aja di djěro beuteung laoek lodau teja, nja kitoe deui Poetra manoesa teh bakal aja di djero hate boemi tiloe poë tiloe peuting.” (Mat. 12 40.)

2. Ari geus kitoe aja pangandika Pangeran ka Joenoes kadoewa kalina, kijeu pangandikana: „Geura dangdan, bral leumpang ka Ninowe, ngoewarkeun ka dinja pangoewaran, noe koe kami rek dilahirkeun ka maneh.” Prak Joenoes dangdan, toeloej mangkat ka Ninewe. Ari Niněwe teja nagara gěde pisan, lalakon 3 poë légana. Toeloej Joenoes ngamimitian asoep ka nagara, lalakon sapoë, bari ngoewarkeun, kijen saoerna: „Opat poeloeh poë deui Niněwe bakal dibalik.” Ari oerang Niněwe pertjajaeun ka Allah, sarta tarobat. Barang eta warta geus dongkap ka radja, neut radja nangtoeng ti panglinggihanana, sarta moeka haroedoem ti salirana, bari seug nganggo karoeng; gek tjalik dina lěboe. Sarta radja ngoendang-ngoendangkeun djeung ngoetarakeun di Ninowe nja kijeu: „Manoesa djeung sasatoan oelah ngasaän naon-naon, sarta koedoe marake karoeng, bari pada sasambat ka Allah bědas pisan; nja koedoe tarobat, hidji-hidji djalma sing mitjeun djalanna Doe goreng. Saha noe njaho, malah mandar Allah moelih deui, bari sirna tina kabangětan bondoena.” Ladjong Allah ningali pagaweanana, jen pada tarobat, mitjenn djalanna noe goreng; geus kitoe Allah handjakaleun