Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/226

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
220

koe hal pitjilakaeun, noe koe Allah diandikakeun bade didamõl ka maranehanana teja; hanteu koengsi didaměl.

Ari portobat oerang Niněwe djadi pertelaan hal katenasan hate oemat Allah, Goesti Jesoes ngalahir kijen: Oerang Niněwe bakal ngadarenhousan ka hoekoem jamat bareng djeung jeu bangsa ajeuna, sarta seug ngahoekoeman ka dariaja; karana oerang Niněwe teh tarobat sanggeuzua meunang piwoeroek ti Joenoes; padahal anoe ajenns di dijen mah lenwih ti batan Joenoes" (Mat. 12: 41).

3. Tina pěrkara kitoe, Joenoes teu ngeunaheun sarta panas atina. Toeloej něněda kijeu: Noen Pangeran! lain nja kitoe pioendjoek koering, keur koering aja keneh di tanah koering? Nja eta noe mawi koering goera-giroe los minggat; karanten koering geus terang, andjeun teh Allah noe sipat koernija, ja sipat wělas, sipat sabar, toer gede kaäaihan, sareng sok handjakal koe hal katjilakaän.” Toeloej Joenoes ka loewar ti nagara, sarta njijeun hidji saoeng, bari seg tjalik, hajang nendjo naon noe pidjadieun ka eta nagara. Děmi koe Allah dikeraakeun aja hidji tangkal kaliki ngadadak djadi, ngaloehoeran ka Joenoes, baris ngijoehan ka sirahna. Seug Joenoes teh boengaheun tina eta tangkal kaliki; rosa kaboengahanana. Tatapi koe Allah dikērsakeun, isoekna, barang balebat padjar, aja hidji hileud ngegel eta tangkal, noe matak djadi perang. Ari geus kitoe, barang bidjil panon-poš, toeloej sirah Joenoes katodjo koe panon-poë, moenggah Joenoes katoelalengan, sarta njoehoenkeun hal patina moegi diadjalkeun. Ladjang Allah ngandika: „Naha rasa maneh běnér panas-ati koe hal tangkal kaliki teh?” Ari pioendjoekna: „Soemoehoen, raos běněr koering teh panas-ati, moenggah asa rek paeh.” Děmi timbalan Pangeran: „Maneh teh hawatir koe hal eta tangkal kaliki anoe lain beunang njijeun maneh, sarta ngagědeanana lain koe maneh; djadina di djěro sapeuting, euweuhna di djéro sapeuting; ari lěbah kami mah naha teu rek bawatir koe hal Niněwe, nagara sakitoe gědena, eusina leuwib ti 120,000 manoesa noe tatjan njaho bedana kentja-katoehoena (baroedak oemoer 2 taoen ka-handap), samalah sasatoan loba pisan?”