Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/227

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
221

§ 81. Nabi Jesaja djeung Mika.

1. Moenggoeh Djoeroe-salamět dina kitab nabi Jěsaja reja piwoeroek. Kamoeljaänana dipiwědjang pasal 30. Saoepama p. 7:14: „Masing njaho: landjang teh bakal ngadjoeroekeun hidji anak lalaki; eta bakal dingaranan Imanoeël” (těgusna: Allah sasarongan djeung oerang). P. 9: 5: „Keur pimangpaäteun oerang geus diowokeun hidji moerangkalih, nja oerang teh dipaparin hidji poetra paměgět; ari taktakna manggoel kapoerbaän, sarta andjeuna didj ěněnyanan Adjaib, Patarosan, Allah noe langkoeng kawasa, Ramaning kalanggengan, Kapalaning kasalamětan." P. 11:1, 2: Ari tina toenggoel Isai mengke bidjil seuweu; nja hidji siroeng tina akarna měngke boewahan. Sarta eta teh bakal dilinggihan Roh Pangeran.” Moenggoeh sangsara Goesti reja piwědjang, pasal 40-66. Oepama p. 53: 4-7. „Saestoe-estoena, andjeunna geus ngamomotan andjeun koe kasakit-kasakit oerang, sarta geus nanggoeng kasangsaraän oerang; ari koe gerang mah disangka andjeunna disiksa, digeboeg koe Allah, sarta disoesoeker. Enjana mah andjeunna diraheutanana tina kamasijatan oerang, diremoekkeunana tina kadorakaän oerang; paměpěrih anoe matak oerang salamět těrap ka andjeunnu, sarta koe raraheut andjeunna oerang teh geus ditjageurkeun. Oerang sakabeh pada sasab tjara domba; oerang pada noeroet ka djalan sorangan-sorangan bae; děmi kadorakaän oerang sakabeh koe Pangeran geus diambroegkeun ka andjeunna. Andjeunna disěděkkeun, tapi ngawajahnakeun andjeun, djeung teu kersaeun engah lambena; andjeunna ditoengtoen ka pameuntjitan tjara anak domba, djeung saperti domba noe balèm di hareupeun noe ngagoentingan, nja kitoe andjeunna hanteu engah lambena.”

2. Koe nabi Mika dipiwědjang oerang Israil bakal disiksa koe Pangeran sarta dileupaskeun koe Djoeroe-salamět. P. 5 : 1; „Ari maneh, Bet-Lehem, bilangan Eprata, anoe leutik nja aja di sadjěro bareboe-reboe Joeda! nja ti maneh pibidjileun pikeun