Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/228

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
222

kami anoe bakal njangking kawasa di Israil; ari eta teh ka-loewarna ti kadim, ti djaman langgeng."

§ 82. Panganggeusan karadjaän Israil.
(2 Radja 17.)

1. Ari oerang larail tonggoj bae migawe anoe goreng di pajoeneun Pangeran, djeung pada ngalakonan pikoekoeh bangsa-bangsa, sarta ngaheng-ngaheng kana perkara noe teu běněr. Malah-malah ngaradegkeun keur dirina tihang-tibang djeung artja-artja dina oenggal pasir loehoer, djeung di handapeun sakoer kakaian ngaroenggoenoek, toer pada ngabakti ka brahala-brahala. Ari Pangeran teh ngelingan ka Israil koe sakabeh nabi andjeunna, soepaja tarobat, mitjeun djalan noe goreng. Děmi eta teu ngagaroegoe, anggoer pada ngaheuraskeun beuheungna, seg pada noeroet noe sija-sija, djeung njarembah ka sakoer balad langit, sarta ngabarakti ka Baäl. Toer sok njorangkeun anakna lalaki awewe kana seubeu, sarta pada milampah noedjoem djeung tenoeng; estoe geus pada ngadjoewal diri, karep migawe noe goreng di pajoeneun Pangeran. Noe matak Pangeran ngabrudon ka Israil langkoeng-langkoeng, sarta disalingkirkeun ti pajoeneunana, sakoemaha pangandikana koe lantaran sakabeh abdi abdina, nja para-nabi teja.

2. Mangsa kasalapan taoenna djoeměněng Ilosea, radja panoetoep karadjaän Israil, Salmaneser, radja tanah Asoer, ngabojong Israil ka tanah Asoer (722 taoen samemeh Kristoes diowokeun). Tidinja ngadatangkeun oerang kapir ti sedjen nagara, dibere ěnggon di nagara-nagara Samaria. Ari geus kitoe, keur anjaran eta djalma ngarenggon di dinja, teu aribadah ka Pangeran; anoe matak eta teh koe Pangeran didatangan singa, sarta maranebanana reja noe koc singa diparaehan. Toeloej aroendjoekan ka radja Asoer: „Noen, ari bangsa-bangsa noe koe andjeun dipěrnahkeun di nagara-nagara Samaria teja, hanten tarérangeun dina tata Batara eta tanah; noe mawi maranehanana koe eta Batara didatangan singa; sareng saleresna,