Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/229

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
223

maranehanana koe singa teh diparaehan.” Toeloej koe Salmaneser didjoeroengkeun hidji panghoeloe, kaäsoep panghoeloe anoe kos oerang Asoer dibojong ti Samaria teja; seug eta matoeh di Bet-El, sarta magalıkeun ka maranehanana hal pětana ibadah ka Pangeran. Toeloej eta teh aribadah ka Pangeran, ongkoh ngabarakti ka aällabanana, noeroetkeun tata bangsa-bangsa anoe asal maranehanana dibojong ka Samaria.

§ 83. Ahas djeung Hiskia.
(2 Radja 16, 18-20.)

1. Mangsa Israil dibojong koe Salmaneser, harita Hiskia djoeměněng radja Joeda, ngaganti ramana, djenčngan Ahas. Ahas teh geus ngalakonan djalan radja-radja Israil; malah-malah njorangkeun poetrana noe paměgět kana seuneu; toer andjeunna ngoerban sarta ngoekoes ka aällahan; ari panto gedong Pangeran koe andjeunua dipeundeutkeun. Děmi Hiskia mah milampah anoe běněr di pajoeneun Pangeran, sakoemaha lampah Dawoed ramana. Audjeunna moekakeun panto gidong Pangeran, bari diomean sakali. Sarta noeroetkeun timbalanana gedong Pangeran disoetjikeun koe para panghoeloe djeung ahli Lewi. Tidinja Hiskia miwarangan ka sabangsa Israil djeung Joeda, sina datang ka gedong Pangeran baris milampah paska ka Pangeran, Allah Israil. Tidinja ka Jeroesalem karoempoel djalma pirang-pirang, sčdja milampah pesta roti teu ragian, pakoempoelan gide katjida. Geus kitoe darangdan, seg njalingkirkeun altar-altar, djeung sakabeh paragi ngoekoes ka aällahau disalingkirkeun, dipitjeun ka tji Kidron. Prak pada milampah pesta teja djeung kaboengahan noe rosa katjida, karana ti djaman Soeleman taja saperti kitoe di Jéroesalem.

2. Ari mangsa kaopat-wčlas taoenna Hiskia djoeměněng radja, bral Sanherib, radja Asoer, indit ngaroeroeg ka sakabeh nagara Joeda noe rareugreug, sarta dibareunangkeun. Toeloej nitahan balad noe rosa pisan ka Jéroesalem, soepaja dibeunangkeun. Ari geus naropi hareupeun Jeroesalem, toeloej para