Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/230

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
224

kapala eta balad, nja eta Tartan, Rabsaris djeung Rabsake ngageroan ka radja sarta ngahinakeun ka Allah noe djoeměněng. Barang kadangoe koe radja Hiskia, pek andjeanna njosoëk panganggona, bari soug lěbět ka gědong Pangeran sarta něněda ka pajoeneun Pangeran. Tidinja nabi Jěsaja ngadjoeroengkeun ka Hiskia, pihatoerna: „Kijen timbalan Pangeran, Allah Israil: Ari perkara anoe koe maneh ditěda ka kami hal Sanherib, radja Asoer teja, koe kami geus dimakboel.” Ari geus kitoe, dina peuting eta keneh bidjil Malaikat Pangeran, pek njabětan dina pasanggrahan oerang Asoer 185,000 djalma. Djoeng Sanharib leumpang moelang; toeloej tjalik di nagara Niněwe. Ari geus kitoe, eukeur radja sěmbahijang di gědong aällahanana, pek poetrana maehan ka andjeunna koe pědang.

3. Dina mangsa eta Hiskia parěng teu damang, meh poepoes. Toeloej nabi Jěsaja ngadeuheus ka andjeunna, sarta mihatoer: „Kijeu timbalan Pangeran: Geura wewěkas ka saeusi imah maneh; karana maneh engke paeh, moal lila nja hiroep!” Tidinja radja ngagilir pameunteuna kana bilik, barí seug něněda ka Pangeran, sarta nangis rosa katjida. Děmi geus kitoe, memeh Jěsaja ka loewar ti boeroean paněngah, aja pangandika Pangeran ka andjeunna, kijeu pangandikana: „Geura balik, bedjakeun koe maneh ka Hiskia: Kijeu timbalan Pangeran: Paněda maneh koe kami dimakboel, tji-panon maneh koe kami katingali; masing njaho, maneh koe kami rek ditjageurkeun, sarta oemoer maneh koe kami rek ditambahan 15 taoen.” Seug Jěsaja moelih, ngoeninga ka radja, sarta njandak boewah kondang sagoeroentoel, ditaplokkeun ka noe bareuh; toeloej Hiskia boerip. Ngalabir Hiskia ka Jěsaja: „Naon pialamateun, jen kaoela koe Pangeran bakal ditjageurkeun?” Walonan Jěsaja: „Koemaha kersa, kalangkang teh madjoe 10 goerat atawa moendoer 10 goerat?” Ari lahiran Hiskia: „Gampang kalangkang teb ngeser 10 goerat; ontong, anggoer kalangkang teh sina moendoer 10 goerat ka toekang.” Toeloej nabi Jěsaja sasambat ka Pangeran; seug koe Pangeran kalangkang teh dipoendoerkeun 10 goerat ka toekang, dina goerat noe koe eta geus