Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/231

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
225

ditoeroenan dina istiwa Ahas. Dina mangsa eta Běrodak-Baladan, radja Baboel, ngirimkeun soerat djeung kikintoen ka Hiskia; karana ngadenge bedja, jen Hiskia mantas teu damang. Ari Hiskia ngagoegoe ka eta oetoesan, sarta nembongkeun ka darinja sakabeh doenya-branana. Geus kitoe nabi Jesaja ngadeubeus ka andjeunna, sarta ngalahirkijeu: „Andjeun geura reungeukeun pangandika Pangeran: Masing njaho, pidatangeun mangsa, didinja saniskara noe di imah maneh bakal diakoetan ka Baboel. Djeung deui anak maneh, anoe pibidjileun ti diri maneb, noe sawareh měngke ditjokot, didjijeun ponggawa di djěro karaton radja Baboel.” Tatapi pedah Hiskia ngarěndahkeun andjeun di pajoeneun Pangeran, dipaparin kasěnangan saoemoer andjeunna.

§ 84. Měnase djeung Josia.
(2 Radja 21-23; 2 Babad 33-35.)

1. Hiskia diganti koe Měnase poetrana. Děmi Měnase teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran, noeroetkeun kagiroekan bangsa-bangsa, saperti Abas teja; datang ka migawe goreng alah batan sakoer anoe heulaeun andjeunna. Mana Pangeran ngadatangkeun ka Joeda kapala-kapala balad radja Asoer; toeloej Měnase koe eta ditangkěp, make oeneuk, sarta dirante tambaga, bari seug diiringkeun ka Baboel. Děmi keur mangsa kasoekěran, andjeunna noenoehoen ka pajoeneun Pangeran, bari langkoeng-langkoeng nja ngahandapkeun andjeun ka pajoeneun Allah karoehoenna. Seug panědana koe Pangeran ditarima, sarta panoeboenna dimakboel; toeloej kos Pangeran dipoelangkeun deui ka Jeroesalem, ka karadjaänana. Kakarek Měnase těrangeun, jen Pangeran djoeměněng Allah. Toeloej andjeunna njingkirkeun aällahan, sarta marentah ka oerang Joeda koedoe ngabakti ka Pangeran. Ari Měnase geus poepoes, toeloej Amon poetrana noe ngaganti. Děmi Amon teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran, sakoemaha lampah Měnase ramana teja. Djeung deui Amon teh hanteu ngahandapkeun

15