Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/239

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
233

kaoela ngawědjang sakoemaha timbalanana ka kaoela teja. Seug roh teh datang, asoep ka eta sakabeh, toeloej hariroep, neut narangtoeng, balad gède teu kira-kira. Timbalanana deui ka kaoela: Eh anak Adam! ari eta toelang-toelang nandakeun sakabeh anak-intjoe Israil.”

4. Bobojongan di Baboel nja djamoega pisan, matak reja anoe roemasa dirina bětah di tanah sedjen, hanteu hajang balik ka Jēroesalem. Balikan reja deui anoe njoso hajang baralik, sonoëun ka Jeroesalem, sarta ka kabah, djeung kana ngabakti ka Pangeran di djero gědongna. Anoe kitoe teh sok ngaromong kijeu: (Djaboer 137). „Sisi bangawan-bangawan Baboel, nja di dinja kaoela darijoek, malah kaoela tjareurik, satijap-tijap ras aringët ka Sion. Dina waroe lot noe araja di djèro tanah eta, kaoela pada ngagantoengkeun katjapi-katjapi kaoela. Karana di dinja djalma noe ngabojong kaoela pada nitah ka kaoela ngoengělkeun poepoedjian, sarta noe njungsarakeun ka kaoela pada nitah boengah; polna: Dewek pangnjaranjikeun salah-sahidji poepoedjian Sion! Koemaha kaoela nja rek nganjaranjikeun poepoedjian Pangeran di tanah bangsa sedjen? Oepama kaoela datang ka poho ka maneh, Jeroesalem! leungeun kaoela katoehoe sing poho ka dirina! Letah kavela sing rapět kana lalangit, oepama kaoela datang ka teu inget ka maneh, oepama kaoela datang ka teu ngadjoengdjoengkeun Jeroesalem ti batan kaboengahan kaoela noe pangoentjoelna."

§ 88. Nabi Daniël keur mangsa Něboekadnesar.
(Daniël 1-4.)

1. Radja Něboekadnesar marentah ka kapala mantri djěro andjeunna, koedoe njanggakeun djalma ngalora ti lebah oerang Israil, teges ti toeroenan radja, djeung ti para menak; nja djalma ngalora noe oetama djadi toekang marěk di padaliman radja; sarta koedoe pada dipagaban kitab, kitoe deui basa Kasdim. Malah radja nangtoekeun pibagianeunana dina oenggal-oenggal poë tina kadaharan radja djeung tina anggoer leueutanana. Děmi dina lõbah eta djalma ngalora aja Daniël, Hananya,