Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/240

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
234

Misael djeung Asarja, pada kaäsoep oerang Joeda. Ari koe kapala mantri djero pada dibere ngaran; nja eta Daniël dilandi Beltésasar, Hananya dilandi Sadrak, Misael dilandi Mesak, djeung Asarja dilandi Abed-Négo. Děmi Daniël nangtoekeun dina ati, moal ngaregědkeun maneh koe kadabaran radja noe sok haram, noeroetkeun Toret Moesa, Djeung Daniël panoenoehoen ka kapala mantri djěro, moegi pada dipaparin sipat beunang njëbar pitědaeun, kitoe deui tjai pikeun inoemeun. Ari saoer kapala mantri djero teh ka Daniël: „Kami teh sijeun koe goesti sang radja; karana koemaha, lamoen ningali pasemon oedjang karoetjem, beda djeung djalma ngalora noe saoemoer djeung oedjang?” Mihatoer Daniël: „Moegi pada didjadjal watěs 10 dintěn.” Ari mantri teh ngagoegoe ka darinja dina eta pěrkara. Geus toetoep noe 10 poë teh, katingali roepa eta 4 djalma leuwih aloes, djeung awakna leuwih lintoeh ti batan sakabeh djalma ngora, noe ngahakan kadaharan radja. Děmi eta djalma ngora noe opatan teja koe Allah dipaparin kanjalo, sarta paham dina sakabeh kitab djeung kapintěran. Ari geus toetoep mangsana noe diparentahkeun koe radja, toeloej koe kapala mantri djero pada disanggakeun ka Něboekadnesar. Ari sagala pěrkara kapintěran djeung pangartian, noe koe radja dipariksakeun ka darinja, pada kapěndak sapoeloeh patikělaneun ngoengkoelan ti sakabeh pandita djeung djoeroe těnoeng, noe aja di sakaradjaänana.

2. Sanggeus kitoe Něboekadnesar ngimpen; beug manahna goelinggasahan, sarta andjeunna kanděg koelěmna. Tidinja radja miwarang njaoer pandita-pandita djeung djoeroe-djoeroe těnoeng, kitoe deui taroekang sihir (nja eta para boedjangga), soepaja ngoeningakeun ka radja eta impenanana djeung pibaloekareunana. Ngawangsoel para boedjangga: „Noen, taja pisan djalma di sadjagat kabeh, noe bisa ngoendjoekkeun eta pěrkawis ka sang radja.” Tina sabab kitoe radja teh běndoe, bari sewot katjida, sarta radja marentah, sakabeh boedjangga di Baboel koedoe digempoer. Malah Daniël djeung rentjang-rentjangna