Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/241

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
235

ditejangan, bakal dipareuntjit. Gantjang Daniël ngadeuheus, sarta noenoehoen ka radja, moegi dipaparin tempo. Tidinja moelang ka boemina, sarta kaopat rentjang-rentjangna pada njoehoenkeun kawělasan ti pajoeneun Allah, hal eta rasijah. Tidinja eta rasijab diëbrehkeun ka Daniël dina tetendjoan ti penting; toeloej Daniel moedji soekoer ka Allah sawarga. Seug andjeunna ngadeuheus ka radja, sarta kijeu pioendjoekna: „Aja Allah di sawarga, noe ngebrehkeun rasijah; sarong andjeunna geus maparin njaho ka radja Něboekadnesar pěrkawis noe pidjadieun dina ahir djaman. Koe andjeunna, noen sang radja! katingali, beh aja hidji djadjalmaän djangkoeng gěde, sareng sorotna montjorong; nangtoengna di pajoeneun andjeun, sareng roepana matak baloewas. Nja eta djadjalmaän teh hoeloena emas aloes, dadana sareng leungeunna perak, beuteungna sareng pingpingna tambaga, bitisna beusi, doepi soekoena saparo beusi, saparo taneuh liket. Koe andjeun ditingali, dongkap ka aja batoe ngagolosor, teu kalawan leungeun, ngadoepak ka eta djadjalmaän, nindih kana soekoena. Tidinja eta beusi taneuh likět, tambaga perak sareng omas teja boeboek bareng sapisan. Doepi eta batoe teja djadi goenoeng gede, moenggah ngeusian sadjagat kabeh. Tah, kitoe impenanana; doepi pibaloekareunana ajeuna bade dioendjoekkeun ka pajoeneun sang radja. Nja andjeun anoe diibaratkeun hoeloe émas teja. Doepi saparantos andjeun pingadegeun hidji karadjaän sanes, katjek koe noe andjeun; woeh karadjaän katiloe, sanes deui, sipat tambaga; nja eta bakal kawasa ka sadjagat kabeh. Ari karadjaän noe kaopat bakal teuas sapertos beusi. Doepi pěrkawis beusi saparo, taneuh liket saparo, nandakeun eta teh karadjaän paběngkah. Děmi keur djaman eta radja-radja, ladjong Allah sawarga bade ngadegkeun hidji karadjaän anoe moal diroeksakkeun salalanggengna, sareng eta kadjěněngan moal ditoeroenkeun ka bangsa sanes; saleresna eta bakal ngaboeboekkeun sareng ngeuweuhkeun sadajana karadjaån noe tadi, doepi djinisna mah pitětěpeun salalanggěngna.” Tidinja radja Něboekadnesar broek njoeoeb, bari soedjoed ka