Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/242

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
236

Daniel, sarta ngawalon, kijeu lahirna: „Saěnja-ěnjana, Allah maraneb, nja eta bataraning sagala batara, toer jasaeun ngebrehkeun rasijah.” Tidinja radja ngagoengkeun ka Daniël, didjěněngkeun njangking satanah Baboel, sarta didjěněngkeun kapala para boedjangga di Baboel.

3. Hidji mangsa radja Něboekadnesar ngadaměl hidji djadjalmaan emas, djangkoengna 60 asta, sarta radja nimbalan, saba-saha noe teu měnděk sarta soedjoed ka djadjalmaän teh, eta sapada harita tangtoe digoebroeskeun ka djero pameuleuman seuneu hoeroeng. Tina perkara eta aja noe ngadareuheusan, ngistorikeun tiloe rentjang Daniël teja, da eta teu ngestokeun timbalan radja teh. Tidinja Néboekadnesar miwarang ngala eta Sadrak, Mesak djeung Abed-Négo; ladjeng ngalahir ka darinja: „Oepama maraneh teu saroedjoed mah, sapada-harita maraneh tangtoe digoebroeskeun ka pameuleuman seuneu hoeroeng; djeung saha batara, noe pibisaeun ngaleupaskeun maraneh ti leungeun kami?” Ngawangsoel Sadrak, Mesak djeung Abed-Něgo: „Noen sang Něboekadnesar! Madak kitoe mah, Allah simkoering langkoeng ijasa ngaleupaskeun simkoering ti djero pameuleuman seuneu hoeroeng. Nadjan teu dileupaskeun ge, sing kaceningakeun koe andjeun, sang praboe! ari ka batara andjeun simkoering taja pangintěn ngabakti, sareng ka djadjalmaan ěmas teja simkoering taja panginten soedjoed.” Tidinja Něboekadnesar djadi pinoeh koe běndoe. Pok andjeunna nimbalan, koedoe geura dipanaskeun pameuleuman, toedjoeb patikõlaneun dipanaskeunana sasari. Pek eta tiloe djalma diringkoes, boes pada digoebroeskeun ka djěrona. Tidinja radja Něboekadnesar kageteun; neut ngadeg bari njeblak; pok ngalahir ka para pangrěmpaganana: „Naha lain tiloe djalma, noe koe oerang digoebroeskeun ka djéro seuneu teh? Toeh, kami nendjo djalma opat, pada oetjoel, leuleumpangan di djero seuneu, sarta taja pisan tjotjengna; ari roepana noe kaopat siga poetra batara.” Tidinja Něboekadnesar ngadeukeutan kana lawang eta pameuleuman, kijeu lahirna: „Eb, abdi Allah noe leuwih agoeng! geura baridjil, bijap ka darijeu!”