Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/243

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
237

Djol pada ka loewar ti djero seuneu, sarta seunou teh teu kawasa ka salira eta djalma-djalma; ari ramboetna hanteu toetoeng, djeung lantjinganana hanteu ganti roepa, malah djinisna teu kasorang baoe seunen-seuncu atjan. Ngalahir Něboekadnesar: Sagala poedji ka Allah, noe geua miwarang malaikatna, djeung ngaleupaskeun abdina, noe ngaranděl ka andjeunna. Mana kami mere parentah, sing saha-saha bangsa, kaom atawa basa, noe ngomong ngagorengkeun ka Allah Sadrak, Mesak djeung Abed-Négo, eta mangke dipotong-potong; sabab teja deui batara noe bisa ngaleupaskeun tjara kitoe pětana.” Tidinja radja ngaloeloeskeun eta tiloe djalma dina tanah Baboel.

4. Sanggeus kitoe radja Něboekadnesar ngimpen deui; kijeu impianana: Aja hidji kai, nja gěde nja koewat, djeung loehoerna něpi ka langit, wani katendjona něpi ka satoengtoeng boemi. Ari sasatoan darat ngijoehan di handapeunana, djeung manoek-manoek awang-awang pada ngenggon dina dahan-dahanna. Beh aja hidji djoeroe kěmit, sarta soetji, loengsoer ti langit. Eta seg njaoer: „Ijeu kai geura toewar, ngan ari toenggoel djeung akarna mah karikeun dina taneuh, sarta těrapan rante beusi djeung tambaga dina djoekoet togal; djeung sina kabaseuhan koe tji-iboen awang-awang, sarta sína sadoeoem djeung sasatoan dina djoekoet boemi. Hatena hate manoesa bakal diganti, nja dipaparin hate sato; sarta toedjoeh mangsa pinjorangeun ka dinja ganti-ganti. Eta kitoe dawoehan tina poetoesan para djoeros-kčmit; noe dipandang, soepaja sakoer noe goemělar pada nganjahokeun, jen noe Langkoeng Agoeng teja noe kawasa ka sagala karadjaän manoesa.” Ari sagala boedjangga Baboel teu barisaeun nganjahokenn pibaloekareunana. Ahir-ahir Daniël ngadeubeusan ka radja, sarta ngalahir kijeu: „Eta kai tob nja andjeun, sang radja, noe geus djadi ageng aja koewat; sareng kawasa andjeun dongkap ka toengtoeng boemi. Doepi andjeun teh bade disoentroengkeun ti bangsa manoesa, nja pingěnggoneun sasarengan sasatoan tegal; eta andjeun bade disina dahar djoekoet sapěrtos sapi. Ari karadjaän andjean pitětěpeun deui ka andjeun, dimana andjeun