Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/244

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
238

geus ngoeningakeun, jen Sawarga noe njangking kawasa. Koe pěrkawis eta, noen sang radja! moegi-moegi kamanah ijeu pihatoer simkoering, sareng moegi mitjeun dosa andjeun, gěntos koe kaběněran, malah-mandar dipandjangkeun kagěnahan andjeun.” Sakabeh noe tadi teja toeměrap ka radja Nēboekadnesar. Kaheuleutan 12 boelan, radja keur angkat-angkatan dina loehoer padaleman karadjaän di Baboel. Pok radja ngalahir, kijeu lahirna: Naha eta lain Baboel gede, beunang aing njijeun baris dajeuh karadjaän, koe kabrdasan kawasa aing, sarta baris njohorkeun kamoeljaän aing?" Sabot eta kasaoeran aja dina lamběj radja, datang gentra ti langit, kijeu: „Maneh, radja Něboekadnesar! dibedjaän, karadjaän teh geus ingkah ti maneh.” Sapada-harita ge eta lahiran boekti ka Néboekadnesar; seg andjeunna djadi edan, disoentroengkeun ti bangsa manoesa, sarta daliar djoekoet saperti sapi, djeung salirana kabaseuhan koe tji-iboen awang-awang. Děmi geus toetoep mangsana, seg andjeunna tjéngkat, tanggah ka langit, sarta ingětanana datang deui; ladjong moedji ka noe Langkoeng Agoeng. Děmi karadjaänana ditětěpkeun deui ka andjeunna. Toeloej radja ngadatangkeun serat ka sakabehna bangsa, pikeun ngoewarkeun tanda djeung moedjidjat, noe geus didaměl ka andjeunna koe Allah noe langkoeng agoeng.

§ 89. Nabi Daniël keur mangsa radja Belsasar djeung Darioes.
(Daniël 5-9.)

1. Noe ngaganti Něboekadnesar, nja radja Belsasar. Hidji mangsa eta mestakeun rosa pisan ka para gegědenna. Barang keur ngaraos anggoer, Belsasar miwarang njokot pararabotan emas-perak, ben. nang Něboekadnesar ramana ngabidjilkeun tina kabah di Jeroesalem teja. Barang dianggo ngaleueut, pada maroedji ka aällahan sipat ĕmas, sipat perak, sipat tambaga, sipat beusi, sipat kai djeung sipat batoe. Waktoe harita keneh tembong ramo leungeun mancesa, keur noelis paběněran adjoeg, dina bilik kapoer padaleman radja. Tidinja radja teh owah tjabjana, djeung mamanahanana matak