Lompat ke isi

Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/245

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
239

njěblakkeun andjeunna. Heug radja miwarang sarta bědas, koedoe ngadouheuskeun djoeroe-djoeroe těnoeng, ahli-ahli Kasdim djeung djoeroe-djoeroe torah. Tapi taja noe bisaeun matja eta toelisan, Boemawonna ngoendjoekkeun panghartina ka radja. Pok radja istri (iboe radja) misaoer ka radja: „Aja hidji djalma dina karadjaän andjeun, anoe katjalikan soekma batara saroetji; noc mawi koe rama andjeun eta teh didjěněngkeun kapala para boedjangga di Baboel.” Gantjang Daniël dideuheuskeun ka pajoeneun radja. Pok radja ngalahir ka Daniël: „Oepama andika bisa matja eta toelisan, sarta ka kami nganjahokeun panghartina, tangtoe andika dipakeanan woengoe, djeung beubeung andika dikongkorongan emas, sarta andika didjadikeun pangkat katiloe dina karadjaän.” Tidinja Daniël ngawangsoel: „Pasihan andjeun soemangga tětěp di andjeun. Andjean hanteu ngarěndahkeun manah andjeun, sanadjan andjeun oeninga sadaja pěrkawis anoe toemérap ka Néboekadnesar, rama andjeun. Salérěsna andjeun ngagoengkeun pribadi, ngamaha ka Goestining sawarga; ari papu. rabotan gélongna koe andjeun ditjoemahkeun. Tidioja ti pajoeneun andjeunna didatangkeun sapotong leungeun, sarčng njërat eta toclisan. Děmi eta toelisan noe diserat teh kijeu: Měne, Těkel, Oeparsin. Kijeu panghartosna eta omongan: Mene hartosna: Allah geus ngetang lamina karadjaän andjeun, sareng geus didongkapkeun ka tjatjapna. Těkel, hartosna: andjeun geus ditimbang dina taradjoe, sareng kapěndak andjeun kirang. Peres (Parsin), hartosna: karadjaän andjeun geus dibeulah, sareng dipaparinkeun ka oerang Madajin sarawoch ka oerang Persi.” Tidinja Belsasar maparin timbalan, seug Daniël dipakeanan woengoe, sarta dioetarakeun jen didjadikeun pangkat katiloe dina karadjaän. Ari dina peuting harita keneh Belsasar dipaehan, toeloej Darioes, radja Madajin, njangking karadjaanana.

2. Ari Darioes ngadjěněngkeun 120 goepěrnoer, baris njangking karadjaän. Ari noe njangking ka eta, aja tiloe papatih, sarta noe hidji Daniel. Tidinja Daniël teh ngabajahkeun ka kantja