papatih djeung ka para goepěrnoer, tina sabah katjalikan soekma poendjoel; mana radja aja pikersaeun Daniël rek didjenčngkeun njangking sakaradjaän kabeh. Tidinja eta kantja papatih reudjeung para goepěrnoer pada nejangan pisababeun hajang meunang keur ngělakkeun Daniël hal karadjaän. Geus kitoe eta aroendjoekan ka radja kijeu: „Noen sang radja Darioes! něda radja makonkeun papakon, sareng nangtoskeun larangan, jen saha-saha noe njoehoenkeun naon-naon ka saha bae, ka batara atanapi ka manoesa, sadjěro 30 dintěn, kadjabi ka andjeun, sang radja, nja eta tanwande digoebroeskeun ka gorowong singa.” Tina sabab eta pihatoer, radja Darioes teh toeloej nawis sěrat djeung larangan kitoe. Mangsa Daniël terangeun, jen geus ditawis Berat kitoe, toeloej Daniël asoop ka boemina; (děmi Daniël teh dina lotengna make djandela molongpong, njanghareup ka Jeroesalem); sarta tiloe waktoe sapoë Daniël teh tapak-toeoer, něněda djeung moedji-soekoer ka Allah, koemaha lampahna ti bareto. Tidinja djalma teja ragěm daratang, njampak Daniël keur věněda. Gantjang pada ngadeuheusan, bari ngělakkeun andjeunna. Barang radja ngadangoe omongan kitoe, kalangkoeng-langkoeng nja ngangrès, sarta ngamanah-manah ka Daniël, hojongeun ngaleupaskeun inja. Tatapi eta djalma ragěm aroendjoekan: „Noen, sang radja! moegi emoet, jen parentah Madajin sareng Persi, ari sadajana papakon radja hanteu kenging dirobahkeun.” Tidinja radja maparin timbalan, seug Daniël diala, bari toeloej digoebroeskeun ka gorowong singa. Pok radja ngalahir, kijeu lahirua ka Daniël: „Allah andika, noe koe andika dibakti teu pětot-pětot, nja eta moegi ngaloepoetkeun ka andika! Tidinja radja saoem sapeupeuting, sarta teu jasaeun koelem. Geus kitoe, barang braj padjar tangbi, toeloej angkat gagantjangan ka gorowong singa teja. Ari geus deukeut ka gorowong teh, radja njambat ka Daniël, gěntrana mělas-mělis; lahirna kijeu: Eh, Daniël, abdi Allah noe djoeměněng! koemaha ari Allah, noe dibakti koe andika teu pětot-pětot, jasaeun ngaloepoetkeun andika tina singa?" Gantjang Daniël oendjoekan ka
Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/246
Pidangan