Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/247

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
241

radja: „Soemoehoen, Allah simkoering geus miwarang malaikatna, sareng ngabalěmkeun soengoet singa, taja noe ngaganggoe ka simkoering.” Tidinja radja kalangkoeng-langkoeng nja boengahna,

sarta miwarang Daniël koedoe dihandjatkeun tina gorowong; ladjeng djalma-djalma noe ngistorikeun Daniël teja pek pada digoebroeskeun ka gorowong singa. Ari eta tatjan narěpi kana dasar gorowong, geus dirarontok manten koe singa; nadjan toelangna ge sakabeh diboeboekkeun. Tidinja radja Darioes njeratan ka sakabeh bangsa: Ijeu kami mere parentah, jen di sawewengkon karadjaän kami koedoe pada ngagidir djeung sijeun di pajoeneun Allah Daniël; karana nja eta Allah noe djoeměněng, sarta tětěp salalanggengna; ari karadjaän andjeunna hanteu keuna roeksak. Andjeunna noe ijasa ngaleupaskeun djeung mitoeloeng, sarta andjeunna noe midaměl tanda djeung

16