Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18

PASAL II.

Babad Karoehoen Bangsa Israil.

§ 7. Tanah soetji.

1. Děmi bangsa-bangsa anoe loba koe Allah diantěpan, sina eta noeroetkenn djalan sakarěp-sakarěpna bae (Lalamp 14 : 16), sarta koe andjeunna dipastenkeun pililaeun djaman-djamanna sarta watěs-watěs pangtjitjinganana, soepaja pada nejangan Pangeran, malah-mandar datang ka karampa sarta kapanggih (Lalamp. 17: 26, 27). Tatapi soepaja papastening kērsa Allah ditagonkeun djeung dilakonan, koe Allah dipilih sahidji djalma, ari tina toeroenanana bakal ka loewar kasalamětan eukeur bangsa-bangsa sadaja. Keur eta djalma sarawoeh djeung toeroenanana koe Allah dipilih hidji tanah, di mana bangsa teh bisa tjitjing papisah djeung bangsa anoe loba, djeung soepaja eta beunang dimoemoele keur pimangpaäteun bangsa anoe loba. Eta tanah teh, nja eta tanah Palestina. Djaman nabi Ibrahim, masih tjaritjing di dinja toeroenan Kanaän. Di sabeulah ti koelon tanah teh diwatěsan koe laoet Mediterane; di sabeulah ti kaler koe pigoenoengan Libanon; di sabeulah ti wetan koe těgal kikisik Sam, djeung di sabeulah ti kidoel koe těgal kikisik Arab. Tégěsna di sabeulah ti koelon aja laoet, di sabeulah ti kaler aja goenoeng noe loehoer, di sabeulah ti wetan djeung ti kidoel aja těgal kikisik; noe matak toeroenan Ibrahim hanteu babari tjampoer djeung bangsa-bangsa noe saredjen. Parandene kitoe, bangsa Israil ongkoh ajana di těngah-těngah bangsa galěde, anoe tjaritjing di tanah Eropa, tanah Asia djeung tanah Aprika. Nja kitoe tanah teh pěrnah pisan djadi těmpat ngamoemoele karadjaän Allah, sabab eta tanah dipenggěl koe laoet, koe goenoeng djeung koe těgal kikisik tina bangsa kapir; sarta ari karadjaän geus meudjeuhna gědena, toeloej babari boebar ka mana-mana, sabab tanah teh ajana di těngah-těngah tiloe bagian boemi.