Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
19

2. Palestina dibagi doewa bagian koe tji Jordan, anoe sirahna di pigoenoengan Libanon; ti dinja ngotjorna ka kidoel, těroes ka danoe Merom; toeloej ka danoe Genesaret (eta sok disěboet laoet Galilea atawa laoet Tiberias). Moeharana dina laoet Paeh atawa laoet Oejah. Eta laoet Galilea djadi titiron djeung enggon běrkah. Dina djěro tjaina loba laoek, sarta ari sisi-sisina matak waäs koe bawaning aheng těmpatna djeung loba hasilna. Sabalikna laoet Paeh teh djadi titiron djeung ěnggon panjapa djeung maot. Tjaina kimpel; di dinja laoek teu bisaeun hiroep; sisi-sisina djadi karang boeliklak, anoe katjida neuhakna; hawa di dinja katjida panasna, anoe matak tjai laoet teh teu eureun-eureun njěrotna. Nadjan aja loba tjai waloengan anoe moeharana kana laoet Paeh, tjai laoet Paeh tara beungkah. Di tanah Palestina sabeulah ti wetan aja opat waloengan anoe rada galėde, nja eta tji Jarmoek djeung tji Jabok, noe ngamoeharaän kana tji Jordan; tji Arnon djeung tji Sared, anoe ngamoeharaän kana laoet Paeh. Di tanah Palestina sabeulah ti koelon teu pati aja wahangan noe galěde.

3. Ti Goenoeng Libanon aja doewa gěgěnděng, ngoedjoerna ti kaler ka kidoel. Gěgěnděng anoe hidji ajana beh dijeu tji Jordan; gěgěnděng anoe hidji deui beh ditoe tji Jordan. Eta tanah anoe koeloneun tji Jordan djadi pigoenoengan djeung tanah datar. Di mana pigoenoengan aja loba lebak, djeung gawir djeung wahangan. Ti sisi laoet tanah teh nandjak, dongkap ka loehoerna 2000-3000 kaki; geus kitoe katjida moedoenna, dongkap ka tji Jordan. Kira-kira di těngah-těngahna tanah eta, aja tanah, datar Jisrel ngaranna; eta kawatěsan koe laoet Mediterane djeung koe tji Jordan. Di sabeulah ti kaler aja tanah loehoer Galilea. Di dinja tanah teh teu pati aja bedana, eta meh sakaroepa di mana-mana. Di sabeulah ti kidoel aja pigoenoengan Epraim (Samaria) djeung pigoenoengan Joeda. Di tanah datar Jisrel aja tji Kison, anoe ngamoeharaän kana laoet Mediterane, dina toetoegan goenoeng Karmel. Tanah datar anoe kalereun goenoeng Karmel, nja eta