Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/249

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
243

Daniël meunang terang tina kitab-kitab dina rejana taoen, noe koe Pangeran geus diandikakeun ka nabi Jěrmia, hal pidjědjěgeunana narikolotna Jeroesalem, nja eta 70 taoen. Tina hal eta kijeu tjarijosna: „Tidinja kaoela něněda reudjeung noenoehoer, dibarengan poewasa, sarta make karoeng djeung lěboe. Prak kaoela něněda ka Pangeran, bari ngakoekeun dosa, kijeu paněda kaoela: „Noen, Goestil koering sadaja tarima dosa, sareng milampah bengkok, estoe pada njingkir tina timbalan andjeun. Andjeun, noen Goesti! kalangkoeng adil; doepi koering sadaja mah njandang kaeraän beungeut. Tina sabab dosa koering sadaja, noe mawi Jeroesalem sareng oemat andjeun gens djadi hinakeuneun sadajana noe aja di sakoeriling koering. Doopi ajeuna, noen Allah koering sadaja! moegi-moegi ngamakboel ka paněda abdi gamparan; kalajan moegi njaängkeun pameunteu andjeun ka kasoetjian andjeun, noe keur soewoeng, koe karana Goesti. Eb, Allah koering! moegi tingalikeun karoeksakan koering sadaja, kitoe deui nagara noe katělah koe padjěněngan andjeun; karantěn koering sadaja pangnjanggakeun panoenoehoen ka pajoeneun andjeun teh, lain tina kaběněran koering, jaktosna mah tina kawělasan andjeun noe langkoeng gede. Sabot kaoela keur oendjoekan keneh, barí něněda sarta ngakoekeun dosa sorangan readjeung dosa bangsa kaoela Israil, hol eta djalma Djabarail (noe bareto koe kaoela katendjo dina tetendjoan) hiber gasik, ngaragap ka kaoela, bari kijeu lahirna: „Eh, Daniël! ajeuna kaoela geus ijang baris netelakeun ka sampejan panghartina. Keur barangmimiti sampejan noenochoen, ka loewar pangandika, sarta kaoela datang bebedja, karana sampejan dipikarësěp; mana tégéskeun ijeu përkara, sarta hartikeun jeu tetendjoan. Toedjoeh poeloeh minggoe noe geus ditangtoskeun ka bangsa sampejan, baris noetoepkeun kamasijatan, djeung baris njatjapkeun dosa, pikeun ngadaměl karapihan tina sabab kadorakaän, sarta pikeun ngadatangkeun kaběněran langgeng. Ti wates ka loewar parentah ngabangoen deui Jeroesalem, sina didjelégkeun deui, tepi ka kangdjeng Kristoes, noe djadi gegědoeg, pililaeunana