Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/250

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
244

7 minggoe djeung 62 minggoe. Děmi sanggeusna noe 62 minggoe teja, seug Kristoes teh bakal dibasmi. Sarta nagara djeung kasoetjian teh mengke diroeksakkeun koe bala hidji gégědoeg noe pidatangeun.”

Hidji minggoe, anoe diseboet di dijeu, nja 7 taoen lilana (§ 40, 1):
490 taoen deui dadamělan Gocsti Jesoes Kristocs tangtoe tjatjap.

§ 90. Radja istri Ester.

1. Keur mangsa Ahasweros, radja Madajin djeung Persi, andjeunna mestakeun ka sadaja kapalana djeung mantrina, lila pisan, 180 poë. Ari radja keur soeka manab koe tji-anggoer, seug nimbalan koedoe diala Wàsti, radja istri, kersana nembongkeun kageulisanana ka djalma-djalma djeung kapala-kapala. Děmi radja istri Wasti teu kersaeun ngadeuheusan. Toeloej radja běndoe langkoeng-langkoeng, sarta Wasti koe andjeunna dilisanan. Geus kitoe Ahasweros asiheun ka Ester, hidji landjang Jahoedi, anak pahatoe, anoe dikoekoet koe mamangna, noe ngaran Morděkai. Eta didjadikeun radja istri, ngaganti Wasti, sarta koe radja ditěrapan makoeta karadjaän. Děmi Ester teu ngoeningakeun asalna djeung bangsana, sakoemaha parentah Morděkai ka andjeunna. Sanggeusna sagala pěrkara noe tadi teja, radja Ahasweros ngagoengkeun Haman, didjoengdjoengkeun sarta dipaparin pangtjalikan loehoer ti pangtjalikan sakabeh kapala noe araja di andjeunna. Ari sakabeh abdi radja pada měnděk sarta njarěmbah ka Haman; děmi Morděkai mah hanteu. Seg Haman teh pinoch koe amběk. Tatapi rarasaän Haman tjoemah dek machan ka Morděkai woengkoel, anggoer nejangan djalan noempoerkeun sakabeh oerang Jahoedi dina sapoë bae. Tidinja Haman oendjoekan ka radja, aja hidji bangsa paboerantak nja pabarèntjaj, tjampoer sareng bangsa loba di karadjaänana. Seug eta bangsa koe radja dipaparin ka Haman. Toeloej dikirimkeun soerat-soerat koe lantaran pasoeratan ka saniskara tjoetak kagoengan radja, sina pada noempoerkeun sakabeh oerang Jahoedi, dina poë hidji, nja dina tanggal 13, boelan noe kadoewa-wělas; matak goejoer di lěbah sakabeh oerang Jahoedi.