Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/251

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
245

2. Tidinja Morděkai ngirimkeun salinan soerat teja ka Ester; malah dititah ngomat-ngomatan ka Ester, sina ngadeuheusan ka radja, nědakeun bangsana ka pajoeneun radja. Tatapi aja timbalan radja, jen saha-saha noe ngadeuheus ka radja, ka boeroean djěro, hanteu kalawan disaoer, hoekoemna sabidji, nja dipaehan; kadjaba lamoen radja njodorkeun tětěkén émas ka dinja, soepaja hiroep. Kitoe noe matak Ester ngawangsoel ka Morděkai: Mangga, moedoe poewasa tina hal koering, beurang-peuting, tiloe poë lilana; koering oge sědja poewasa kitoe; nja djalan kitoe koering sědja ngadeuheus ka radja; sareng oepama koering dongkap ka tiwas mah, iklas tiwas oge." Děmi geus kitoe, dina poë noe katiloe Ester nganggo karadjaän, seug toeloej ngaděg di boeroean gědong radja, boeroean djèro teja. Barang radja ningali Ester, radja istri, seng Ester měndak koernija dina sotjans, sarta radja gantjang ka Ester njodorkeun tětěkčn ěmas, bari ngalahir: „Eh Ester! aja naon? sarta naon nja kahojong? tangtoe dibere, masih sabeulah karadjaän oge." Ari wangsoelan Ester: „Noen, madak sapoek sang radja, moegi-moegi sang radja dinten isoekan linggih sareng poen Haman kana toewang, anoe kenging simkoering njawiskeun bade sang radja." Tidinja Haman boengah sarta soeka ati; pokna: „Koe radja istri Ester taja noe ditjandak sareng radja kana toewang, kadjaba ti diri kavela. Tatapi eta teu hasil ka kaoela, salilana eta Jahoedi, si Morděkai teja, masih keneh katendjo koe kaoela dijoek dina lawang radja." Ngadjawab pamadjikanana ka dinja: „Saena miwarang njijeun panggantoengan, piloehoereunana 50 asta; sareng isoek kedah hatoeran ka radja, eta si Morděkai sina digantoeng ka inja." Ari eta pěrkara koe pangrasa. Haman piběněreun; prak nitah njijeun panggantoengan.

3. Dina peuting eta radja teu jasaeun koelém. Tidinja miwarang ngala kitab babad; seug diwatja di pajoeneun radja. Pareng měndak toelisan, jen Morděkai ngoeningakeun hal doewa mantri radja, noe pada nejangan djalan dek maehan ka radja Ahasweros teja. Mariksa radja: „Naon kahormatan atawa kaägoengan, noe geus digandjarkeun ka Morděkai tina hal kitoe teh?"