Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/254

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
248

di sakaradjaänana kabeh, sarta nganggo soerat ongkoh, saoerna: „Sakabeh karadjaän di boemi geus dipaparinkeun ka kami koe Pangeran, Allah sawarga; sarta kami koe andjeunna dikersakeun njijeun hídji gědong pikeun andjeunna di Jéroesalem, di tanah Joeda. Saha-saha lebah maraneh kaäsoep sakabeh oematna, widi moelang ka Jeroesalem; seg geura njijeun pigědongeun Pangeran, Allah Israil." Tidinja darangdan sakoer noe koe Allah digeningkeun soekmana, sědja moelang, arek njijeun gědong Pangeran. Djeung deui radja Kores ngabidjilkeun paparabotan gědong Pangeran, noe bareto koe Něboekadnesar dika-loewarkeun ti Jéroesalem. Djoemblah parabot emas-perak teh 5400. Sarta sapakoempoelan noe arindit djoemblah 42,000, djaba ti badega-badegana, awewe-lalaki (1). Eta sakabeh dikapalaän koe Sěroebabel, anoe kaäsoep toeroenan Dawoed, djeung koe Jesoewa, panghoeloe agoeng. Barang geus narěpi ka Jěroesalem, prak pada ngadegkeun altar dina oeroetna, sarta pada ngalakonan pesta saceng běbětek. Mangsa taroekang njijeun masang pipademeneun kabah Pangeran, seug para panghoeloe njarěkěl tarompet baris moedji ka Pangeran, djeung djalma noe reja saroerak, bědas pisan soerakna. Ari panghoeloe djeung ahli Lewi, sarta loeloegoe ahli karoehoen, noe karolot, anoe taregěseun ka gědong noe ti heula teja, reja noe tjareurik, bědas pisan sowarana (²); djadi djalma teu bisaeun ngabinakeun sora soerak kaboengahan djeung sora tjeurik teh.

(¹) Anoe barallk tina tansh pangboewangan ngan saparo. Ajs loba szoе daraekeun tjitjing bae dina tanahna oerang tapir. Koe djalan kitoe aja loba bangsa kapir anoe meunang njaho hal agama djeung hal Kitab Soetji oerang Jaboedi.
(²) Kakarek meunang 52 taoen, ari kabah snoe dladégkeun koe radja Soeleman gene ditoempoerkeun, Koe tina sabab ets, masih araja lobs djalma noe masib aringět keneh kana aloesna kabab noe katendjo koe maranehanana mangsa ngarora keneh.

2. Ari oerang Samaria, noe ditjaritakeun § 82, 2 jen aribadah ka Pangeran, ongkoh ngabarakti ka aällahan teja, eta toeloej ngadareuheusan ka Sěroebabel djeung ka para loeloegoe ahli