Lompat ke isi

Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/255

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
249

karoehoen, sarta harajangeun ngabantoean njijeun gedong Pangeran. Děmi Sěroebabel djeung oerang Joeda teu sanggoepeun, sabab lain sabatoer-batoer djeung eta djalma-djalma. Ari geus kitoe, oerang Samaria sok ngeplek-ngeplekkeun leungeun bangsa Joeda, sarta sok diririsi eukeur njijeun; malah-malah eta djalma ngistorikeun priboemi Joeda ka pajoeneun radja-radja anoe djoeměněng pandeurieun Kores teja. Tidinja pagawean gědong Allah eureun něpi kana kadoewa taoenna Darioes djoeměněng radja. Koe eta dipaparin timbalan, pagawean koedoe ditoeloejkeun, malah-malab koedoe dibantoean koe émas-perak, sarta sagala balandja ditjokot tina kagoengan radja. Toeloej para kokolot oerang Jahoedi ngadaměl sarta loeloes pisan, tina lantaran piwědjang nabi Hagai djeung Djakaria. Ari nganggeuskeunana gědong teh dina kagěněp taoenna radja Darioes. Geus kitoe oerang Israil njalamětkeun eta gědong Allah kalawan kasoekaän.

$ 92. Esra djeung Něhemja.

(Esra 7―10. Něh. 1―18.)

1. Keur mangaa Artahaasta djoeměněng radja, Esra angkat ti Baboel; sarta eta teh djadi ahli kitab, mahir dina Toret Moesa. Sarta aja deui noe arindit ka Jéroesalem, Bawareh oerang Israil, djeung sawareh para panghoeloe ahli Lewi djeung ahli njanji. Karana Esra teh geus nětěpkeun manahna, sědja nejangan Toret Pangeran, sarta dek dilampahkeun; djeung sědja ngawoeroekkoun ka Israil pikoekoeh reudjeung hoekoem. Sarta koe radja dipaparin ka andjeunna émas-perak pikeun gědong Pangeran. Ari dina mangsa harita oerang Israil noe loba hanteu misah reudjeung bangsa-bangsa sagala tanah, karana sok aja noe njokot anak eta keur pipamadjikaneun soangan atawa pipamadjikaneun anak. Koe tina sabab kitoe, Esra ngaliderkeun parentah di Joeda, ka sakabeh oerang pangbojongan, koedoe karoempoel ka Jéroesalem. Geus karoempoel, Esra ngalahir ka darinja: „Maraneh migawe salah, ngěnggonkeun awewe bangsa sedjen, noe matak nambahan kana kasalahan Israil.