Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/256

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
250

Mana ajeuna geura pada ngakoe ka Pangeran, djeung lampahkeun pangersakeunana; sarta koedoe pada misahkeun maneh ti sagala bangsa eusi tanah djeung ti awewe bangsa sedjen.” Ngawangaoel sapakoempoelankabeh, bari bědas sowarana: „Lěrés sapilahir andjeun ka koering; södja pisan ngalampahkeun.” Prak oerang pangbojongan teh pada milampah kitoe, aarta ti waktoe harita oerang Israil hanteu ngabarakti deui ka aällahan.

2. Dina hidji mangsa djěboel hidji oerang Joeda ka Baboel, ka Něhemja noe djadi toekang inoeman radja Artabsasta. Koe eta Něhemja dibedjaän, jen koeta Joroesalem bongkar keneh bae sarta nagara tatjan ngaděg. Ari geus kitoe Něhemja prihatin, toer poewasa djeung něněda. Ari di pajoeneun radja andjeunna nja měsoem. Pok radja mariksa ka Něhemja: „Koe naon maneh teh noe matak měsoem, da maneh teu gering?” Seg Něhemja oendjoekan: Moegi sang radja salamět salalanggengna! Koemaha beungeut abdi hanteu rek měsoem? da nagara enggon pakoeboeran karoehoen abdi tarikolot, sareng lawang-lawangna geus leboer koe seuneu?” Lahiran radja: Tjik, naon pamenta maneh?” Oendjoekan Něhemja: „Madak sapoek sang radja, sareng madak diri abdi kamanah koe salira gamparan, moegi abdi dipiwarang ka tanah Joeda, ka nagara pakoeboeran karoehoen abdi, soepaja koe abdi dipidaměl.” Seug andjeunna koe radja dibahanan sérat bade ka para bopati, soepaja koe eta didjalankeun. Ari geus dongkap ka Jéroesalem, gantjang mitěmbějan ngadegkeun koetana. Ari geus kitoe, barang Sanbalat, hidji gegěloeg oerang Samaria, djeung Tobia, satroe hidji deui ka oerang Jahoedi, ngadenge bedja, jen koeta Jeroesalem beuki madjoe, toeloej sakarait, dek ngadatangan merangan ka Jéroesalem sarta dek njijeun kabingoengan ka dinja. Tatapi oerang Jahoedi pada něněda ka Allah, sarta ngadegkeun anoe ngadjaga měgat eta beurang-peuting, tina sabab maranehanana. Ari baroedak saparona milampah pagawean, ari noe saparo deui mah njarěkěl toembak, képěng, gondewa djeung badjoe kére. Anoe njarijeun koeta, noe ngakoetan babawaan djeung noe ngamomotkeun, leungeunna noe sabeulah