Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/257

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
251

milampah pagawean, ari noe sabeulah deui mah njěkěl pakarang. Sarta noe njarijeun hidji-hidji pada njoren pědangna dina tjangkeng eukeur digawe. Děmi Něhemja djeung pangiringna taja noe tjoetjoel-tjoetjoel papakean. Ari geus anggeus njijeun koeta teh, seug sakabeh djalma karoempoel kawas djalma saoerang. Tidinja koe Esra panghoeloe Toret ditjandak ka hareupeun pakoempoelan, sarta diaos ti braj beurang těpi ka tengah poë. Sarta sakabehna djalma njarijeun përdjangdjian, dek ngestokeun satimbaban Allah.

§ 93. Nabi-nabi panoetoep djaman
Pärdjangdjian Lawas.

Pelebah bobojongan noe maroelang ti tanah Baboel, aja nabi Hagai, Djakaria djeung Malaki. Koe nabi Hagai djalma noe loba digeuingkeun ngadegkeun kabah; djeung deui anoe tjareurik teja sabab kamoeljaän gědong anjar lain saroewa djeung gedong beanang Soeleman ngadaměl, eta dilipoeran koe pangandika Pangeran anoe kijeu: „Kamoeljaän jeu gedong noe pandeuri bakal gede alah batan noe ti heula teja; sarta dina jeu enggon měngke kami maparin kasalamětan.” (Hagai 2:9.) Leuwih terang deui piwědjang nabi Djakaria moenggoeh hal Djoeroesalamět. Lébétna Goesti ka Jéroesalem, dioewarkeun pas. 9:9, kijeu: „Eh, anak Sion! sing gěrah katjida; eh anak Jéroesalem! hajoe soerak; masing njaho, Radja maneh rek datang ka maneh, sipat adil, sarta mawa kasalamětan, sareh boedina, djeung toenggang kalde, nja eta kalde ngora, anak kalde bikang.” Djeung deui tina hal Djoeroe-salamět aja piwědjang pas. 12: 10, kijeu: „Kami teh ka bangsa Dawoed sarta ka priboemi Jéroesalem tangtoe ngoetjoerkeun Roh sih-koernija, nja Roh panoenoehoen; seg bakal narendjo ka kami, noe geus ditèwèk koe maranehanana.” Pas. 137 kijeu: „Eh pedang 1 geura njaring, ngamoek ka pangangon kami, nja ka eta hidji djalma, noe djadi kantja kami, lahiran Pangeran sawadya-balad; kadek eta pangangon, ari domba-domba teh bakal pabalèntjar, tatapi kami tangtoe ngaoeban