Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/258

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
252

koe panangan kami ka eta noe laleutik.” Nabi Malaki miwědjang tina pisoempingeunana Djoeroe-salamět kana kabah noe ka-doewa teja, djeung deui tina iběr Goesti, pas. 3: 1: „Masing nganjahokeun, kami miwarangan malaikat kami, anoe bakal njadijakeun djalan saheulaeun kami; ari eta Goesti, noe dipikahajang koe maraneh, ngadak-ngadak pidatangeunana ka kabahna, těgěs Malaikat pěrdjangdjian, noe dipikasoeka koe maraneh teja.” Pas. 4:5: „Masing njaho, kami miwarangan ka maraneh nabi Elias, samemeh datang eta poë Pangeran noe gěde nja matak sijeun.

Katěrangan. Malaki nja eta nabi panoetoep keur djaman pěrdjangdjian lawas, Pandourienn Malaki taja nabi deui. Koe tina sabab kitoe, sanggeusna poepoes nabi-nabi, sagala kitab para nabi dikoempoelkeun, sarta dihidjikenn djeung kitab Toret, kitab Djaboer sarta djeung kitab Soetji anoe saredjen, sadjoemblahanana 31 kitab. Eta 31 kitab diseboet Kanon Pěrdjangdjian Lawas. (Kanon těgěsna roekoen, nja eta roekoen kapërtjajaan djeung roekoen kalakoean.) Eta 81 kitab djadi 4 roepa, nja eta: I.TORET, atawa 5 kitab nabi Moesa. II.KITAB HIKAJAT, nja eta: 1 Josoea, 2 Para Hakim, 3 Roet, 4 Doewa kitab Samoeēl, 5 Doewa kitab para Radja, 6 Doewa kitab Babad, 7 Esra, 8 Něhemja, 9 Ester. III.KITAB PANGWOEROEK, nja eta: 1 Ajoeb, 2 Djaboer, 3 Siloka Soeleman, 4 Goeroe, 6 Makoeta Poepoedjian. IV.KITAB-KITAB NABI, nja eta: 1 Jěsaja, 2 Jěrmia, 3 Njanjian nalangsa damělan Jěrmia, 4 Jěbeskel, 5 Daniēl, 6 Hosea, 7 Joēl, 8 Amos, 9 Obadya, 10 Joenoes, 11 Mika, 19 Nahoem, 15 Habakoek, 14 Sěpanya, 15 Hagai, 16 Djakaria, 17 Malaki. Hal eta kitab, Goesti Jesoes ngalahir Joh, 5:30: „Maraneh sok nitik-nitik kana kitab-kitab, sabab pikir maraneh boga hiroep noe langgeng di djěro eta kitab, malah nja eta pisan anoe mértelakeun kami.” Djeung Timoteoes koe rasoel Paoeloes disoeratan kijeu (2 Tim. 3: 15-17): „Maneh ti boeboedak geus nganjahokeun ka Kitab Soetji, anoe bisa mintěrkeun ka maneh matak djadi kasalamětan, djalanna pěrtjaja ka Kristoes Jesoes, Ari sadajana Kitab teh geus diilhamkeun koe Allah, sarta mangpaat pikeun piwoeroek, pikeun ngawewěleh, pikeun ngahadekeun, sarta pikeun mamatahan kana djalan kaběněran; soepaja djalmaning Allah teh sampoerna, sarta sadija pisan baris ka saliring pagawean hade.