Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/259

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
258

PASAL VII.

Ti Malaki tepi ka Johannes poerah ngabanjoe.

§ 94. Timbangan.

Ti waktoe Malaki těpi ka Johannes poerah ngabanjoe, nja eta di djěro 400 taoen lilana, hanteu aja nabi. Lantaran para nabi Goesti Allah geus ngamoemoele oematna, saperti bapa ngamoemoele ka anakna. Keur mangsa Israil kawas boedak keneh, eta ditoejoen kawas koe panangan Allah, lantaranana para nabi. Ari bangsa Israil geus meudjeuhna gedena sarta geus meudjeuhna oemoerna, seug koedoe leumpang sorangan; euweuh deui anoe njarškšl leungeunna. Dins djaman harita, Pangandika Allah anoe kapěndak dina sagala kitab Pěrdjangdjian Lawas teja, eta dipaparin ka darinja pikeun djadi damar hareupeun soekoena, sarta tjabja dina djalanna. Toret Moesa koedoe djadi goeroena, ngoeroeskeun salakoe-lampahna; sarta ari piwědjang para nabi hal Djoero roesalamět anoe bade soemping, nja eta koedoe kawas deudeulan, anoe ngadeudeul kapěrtjajaänana. Araja loba oerang Israil anos hanteu moelang ti pangdjarahan ka tanah Kanaän, da bětaheun dina tanah bangsa sedjen. Koe tina sabab kitoe, Kitab Soetji djeung pangarep-ngarep oerang Jahoedi dikanjahokeun oge koe reja oerang kapir, sarta oerang kapir koe djalan kitoe disadijakeun pikeun narima kasalamětan, měngke ari geus djědjěg djaman.

§ 95. Oerang Jahoedi keur mangsa karadjaän tambaga.

(Karadjadn Joenani-Makedoni.)

1. Karadjaän noe kahidji, anoe dipiwědjang koe nabi Daniël, nja karadjaän Baboel. Eta diganti koe karadjaän Madajin djeung Persi. Eta diëlehkeun deui koe praboe Iskanděr ti Makedoni, noe ngadegkeun karadjaan Joenani. Karadjaän eta dina impenan Něboekadnesar teja dioepamakeun koe tambaga. Sanggeusna poepoes radja Iskandér, karadjaänana dibagi koe kapala-kapala baladna. Tanah Měsir djeung tanah Kanaän