Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/263

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
257

king! moegi aja karoenja ka ěma; moegi oelah aja kasijeun koe djoeroe kětok; ěnoeng! sing zoeka-boengah ari dipaehan tjara doeloer ěnoeng anoe gěněp teja. Ari Allah anoe langkoeng agoeng koernijana, tangtoe bakal ngahiroepkeun deui ka ěnoeng babarengan djeung doeloer-doeloerna, geus kitoe bakal dipaparin deui ka ema.” Eukeur njaoerna keneh, boedjang mopojan ka logodjo: „Toenggoe naon atoeh? Koe kaoela moal diëstokeun timbalan radja anoe běngis teja. Maraneh anoe nganijaja kitoe ka oerang Jahoedi, masing njaho, moal bisa ngarědjat tina hoekoem Pangeran." Ari radja ngadangoe omongan anoe kitoe teb, seug liwat saking nja běndoena, sarta miwarang eta boedjang koedoe dinjenjěri leuwih bangět batan noe gěněp deui. Pek dinjěnjěri něpi ka paeh. Ahir-ahir iboena dipaehan kitoe deui.

§ 97. Ahli Makabi.

1. Tatkala mangsa radja Antiokoes Epipanes nganijaja ka oerang Jahoedi, aja hidji panghoeloe, djéněnganana Matatias; eta tjalik di pigoenoengan Joeda, nagara Modin. Mangsa djalma eusi nagara teh koe piwarangan Antiokoes diadjak ngoerban kana brabala, seug Matatias ningali hidji oerang Jahoedi, anoe ngoerban ka aällahan. Pek eta djalma koe Matatias dipaehan; altarna toeloej dibongkar; geus kitoe andjeunna oedar-iděr sadjero nagara bari njaoer, tarik sowarana: „Saha-naha noe rek nětěpkeun põrdjangdjian Allah, eta koedoe ngiring ka kami ka loewar ti djero nagara!”. Toeloej kaboer ka pigoenoengan, nja andjeunna djeung poetra-poetrana, sarta reja djalma deui anoe ibadah ka Pangeran. Ari eta pada oedar-iděr satanahna, ngaboerak-barik sakabehna altar pikeun aällahan. Ari geus poepoes Matatias, seug andjeunna diganti koe poetrana djěněngan Joedas Makabi (makabi těgěsna paloe). Eta teh gagah-pěrkosa, gagahna kawas singa ngora noe ngahoewang-haoeng, datang ka moesoeh-moesoeh kabeh pada kalaboer ti pajoeneunana. Radja Antiokoes katjida běndoena; koe andjeunna tereh dikoempoelkeun balad gěde, malarna dek noempoerkeun sabangsa Jahoedi. Děmi Joedas