Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/262

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
256

kitoe matak aing teh meunang wiwirang langgeng salalawasna. Malah naon gawena, ari aing teh ngědjat tina siksaän djalma, aing moal bisa ngědjat siksaän Allah, kadjeun aing paeh hiroep.” Sanggeus ngalahir kitoe, seug andjeunna dibawa ka pangětokan. Di dinja andjeunna ngarasa sangsara reudjeung gede sabar. Andjeunna toeloej poepoes ninggalkeun toeladan hade ka sakabehna djalma anoe ngawoeroek ka noe kolot djeung ka noe ngora, koedoe tětěp bae kana lampah soetji.

2. Aja deui toedjoeh djalma, padoeloer-doeloer, kadalapan iboena; seng ditangkep sarta dirangket, sina dek dalahar anoe haram. Děmi eta sakabeh ngaromong: ,Anggoer paraeh bae ti batan ugarěmpak timbalan Allah." Toeloej radja teh běndoe sarta nimbalan koedoe dinjenjeri liwat saking, dipake minjak anoe ngagolak djeung seuneu. Ari eta toedjoeh doeloer silihpageuhkeun, noe hidji ka noe hidji deui. Děmi iboena ningali, ari anakna sakabeh masing-masing dinjenjerian. Andjeunna dek nahan eta reudjeung gede sabarna, koe karana kapěrtjajaänana ka Allah noe djoeměněng. Koe tina sabab eta, andjeunna sakitoe gede manahna datang ka dek ngalilipoer anakna sahidji-sahidjina, sina oelah dek leutik hate, anggoer mantěp bae dongkap ka pash, lahirna: Eh anaking! maraneh teh didjoeroekeun koe éma, tatapi lain čma anoe maparin hiroep djeung napas sarta anggahota. Anoe maparin eta, nja anoe ngadaměl doenya sarawoeh sakabebna djalma. Nja andjeunna anoe langkoeng kawasa maparin deui hiroep ka maraneh, nadjan maraneh ajeuna diparaehan koe karana Toretna.” Ari Antiokoes ten ngahartos kana basana, panjanana andjeunna digorengkeun koe eta istri. Koe tina sabab kitoe, doeloer anoe katoedjoeh, noe tatjan dipaehan, eta koe radja disaoer, toeloej dipapatahan koedoe moengkir tina agama Jahoedi, toeloej manehna koe radja bakal diagoengkeun. Ari boedjang teh teu ngagoegoe; seug iboena koe radja dipiwarang, koedoe ngomat ngomatan ka anakna, soepaja eta dek ngestokeun timbalan radja teh. Děmi įboe mah njampeurkeun ka anakna, bari njaoer kijeu: „Ěh, ana.