Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25


poen Ismail hiroep di pajoeneun andjeun!” Děmi timbalan Allah: Saěnja-ěnjana Sarah, pamadjikan maneh, bakal ngadjoeroekeun hidji anak lalaki adjang maneh, nja eta koe maneh koedoe dingaranan Ishak. Ari moenggoeh Ismail teja kami geus ngamakboel ka maneh; masing njaho, eta koe kami rek diberkahan sarta disina baranahan; nja koe kami rek didjengkarkeun kaliwat-leuwih. Tapi ari pěrdjangdjian kami teja, eta koe kami rek diadegkeun ka Ishak, anoe koe Sarah bakal didjoeroekeun adjang maneh taoen hareup, tépoeng mangsa kiwari."


§ 11. Ibrahim Haliloellah.

(1 Moesa 18.)

1. Tidinja Pangeran nembongan deui ka Ibrahim di ki pasang Mamre teja. Kaběněran andjeunna keur tjalik dina lawang himah, keur wantji panas poëna. Ana tjěngkat sotjana sarta ngareret, beh tiloe djalma ngaraděg paběnéranana. Barang katingali, bral moeroe, ngadeuheusan ka tiloean tina lawang himah, bari seug soedjoed kana taneuh. Toeloej oendjoekan kijen: „Noen, Goesti! madak-madak simkoering mendak koernija dina sotja Goesti, moegi oelah ngaliwat ti abdi gamparan. Moegi kersa dihatoeranan tjai saeutik, bade gamparan ngaroembah dampal, sareng lalinggih heula handapeun ijeu kai. Ari simkoering sědja ngahatoeranan roti sapoeloekaneun, soepaja gamparan salěgěr manah; parantos toewang, soemangga laladjeng deui.” Ari lahiran tiloean: „Seg bae milampah kitoe, sakoemaha kasaoeran sampejan.” Ngageuwat Ibrahim kana himah, ka Sarah, pok ngalahir kijeu: „Geuwat njai ngadonan tipoeng leměs tiloe takér, moedoe njijeun koeweh.” Heg Ibrahim moeroe kana sapi, pek njandak hidji anak sapi, anoe ngora nja aloes, sok diselehkeun ka hidji boedjang; ngageuwat koe eta disadijakeun. Tidinja njandak mantega djeung tjisoesoe, kitoe deui anak sapi beunang njadijakeun teja, bari dihatoerkeun sakali ka noe tiloean; ari andjeunna seug ngaděgan ka noe tiloean di handapeun kai teja; toeloej eta taroewang. Geus kitoe noe tiloean ngalahir ka Ibrahim: „Di mana Sarah,