Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29


Děmi andjeunna koe pangrasa piminantoeëunana kawas noe banjol.

2. Geus kitoe, barang balebat padjar, seug Éloet koe noe doewa malaikat digentakkeun, ari lahiranana: „Geura djoeng, bawa pamadjikan maneh djeung eta doewa anak maneh noe awewe, anoe djonghok, soepaja maneh oelah katiwasan koe kadorakaän ijeu nagara.” Děmi Éloet talangke; pek eta doewa djalma njarěkĕl panangan andjeunna, kitoe deui panangan geureuhana sarta panangan doewa poetrana, tina kawělasan Pangeran ka andjeunna, seug ditjandak bidjil, bari toeloej diteundeun di loewareun nagara. Ari sanggeusna eta sadajana ditjandak ka loewar, pok noe saoerang ngalahir kijeu: „Geura ngarahajoekeun njawa maneh; poma oelah ngalijeuk ka toekang, sarta oelah ngaranděg di salégana ijeu tanah lempar. Geura ngarahajoekeun maneh ka pigoenoengan, soepaja oelah katiwasan.” Pioendjoek Éloet ka arandjeunna: „Noen Goesti! moegi oelah kitoe. Sajaktosna abdi teh měndak sih-koernija dina sotja andjeun. Ári simkoering teh hanteu wěrat ngarahajoekeun maneh ka pigoenoengan, bisi simkoering kaboedjeng koe katjilakaän teja, toeloej paeh. Toeh geuning, nagara eta mah deukeut pikeun moeroe ka dinja, sarengna leutik! Moegi simkoering diidinan ngarabajoekeun maneh ka dinja. Lain leutik eta teh? Tinangtos njawa simkoering hiroep.” Ari walonanana ka Eloet: „Hade, pěrkara ijeu oge kami narima paněda maneh; moal waka kami ngabalikkeun eta nagara, noe koe maneh ditjatoerkeun. Geuwat ngarahajoekeun maneh ka dinja; karana kami moal bisa migawe kitoe-kijeu, ari maneh tatjan datang ka dinja.” Kitoe noe matak eta nagara diseboetkeun Soar (těgěsna: leutik). Barang Éloet dongkap ka Soar, braj panon-poĕ bidjil ka loehoereun boemi. Goer Pangeran ka Sadoemoe djeung ka Gomora noeroenkeun hoedjan walirang djeung senneu, sarta eta sagala nagara, djeung salegana tanah lempar dibalikkeun. (¹)[1] Ari pamadjikan Éloet

  1. (¹) Opat nagara noe dítoempoer, nja eta Sadoemoe, Gomora, Adma djeung Séboim (5 Moesa 29: 23). Oeroet enggonna, nja eta ajeuna laoet Paeh.