tjeurik ségrak-segroek. Ari koe Allah dimakboel sambatna eta boedak, sarta panon Hadjar dibeuntakeun, beh nendjo hidji
soemoer tjai. Gantjang boedak, diinoeman. Geus kitoe Allah njarengan ka eta boedak sarta ngagědean; ari ngenggonna di těgal lega, sarta djadi toekang panah. Ari toeroenan Ismail 12 gegeden, njangking sabangsa-bangsana, nja eta oerang Arab. Ari enggonna tjaritjing ti semět tanah Asoer téroes těpi ka tanah Měsir.
2. Sanggeusing pěrkara noe tadi teja, Allah njoba ka Ibrahim, sarta bari nimbalan kijeu: „Geura njokot anak maneh, anoe noenggal, kanjaäh maneh, nja eta Ishak, bral maneh leumpang ka tanah Moria, toeloej koerbankeun di dinja, djadi koerban doeroekan, dina hidji goenoeng anoe koe kami rek ditimbalkeun ka maneh.” Tidinja Abrahim tanghi isoek-isoek, seug ngadangdanan hidji kalde, djeung njandak doewa boedjang, sarawoeh