Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34


oerang Het. Nja eta pikeun pakoeboeran milik. Toeloej Sarah dikoerěbkeun di dinja.

Koe Ibrahim pakoeboeran teh digaleuh, sabab pageuh kapěrtjajaānana kana përdjangdjian Allah, ari toeroenanana bakal baroga tanah Kanaän. Dina tanah di mana toeroenan-toeroenanana bakal tjitjing, nja di dinja Ibrahim djeung garwana dek dikoerébkeun. Ari pakoeboeranana djadi kawas piwoeroek, meunang 400 taoen lilana, kana toeroenan-toeroenanana, mangsa eta keur matoeh di tanah Měsir; bisi eta dek pohoëun kana pérdjangdjian Allah.

2. Keur mangsa harita Ibrahim dibedjaän, saderekna, nja eta Nahor, di tanah Haran, geus reja poetrana. — Ari Ibrahim geus sépoeh, sarta Pangeran geus ngaběrkahan ka dinja dina saniskarana. Tidinja Ibrahim marentah ka abdina, kokolot boemina, anoe njangking ka sakabeh kagoenganana (Eliëser): „Maneh koe kami rek disoempahan njěboet Pangeran, Allah noe kagoengan sawarga, Allah noe kagoengan boemi, koedoe nejangan pidjodoëun anak kami, tapi oelah ngalamar anak oerang Kanaän. Ënjana maneh koedoe leumpang ka tanah kami, ka nagara asal kami, ngalamar pidjodoëun anak kami Ishak.” Ngawangsoel abdina ka andjeunna: Palangsijang eta istri teu kersaeun toemoet ka tanah ijeu; koemaha ari kitoe, poetra gamparan koe koering kedah dipoelangkeun ka tanah asal gamparan ka loewar?” Ari lahiran Ibrahim ka kokolot teh: „Masing hade-hade, anak kami koe maneh poma oelah dipoelangkeun ka dinja. Pangeran anoe njandak diri kami ti tanah asal kami, samalah soempah ka kami, kijeu pangandikana: Kami rek maparin jeu tanah ka toeroenan maneh, nja eta tangtoe miwarang malaikatna ti heulaeun maneh, soepaja maneh ngalamar pidjodoëun anak kami ti dinja teh toeloes. Děmi saoepama eta istri teu daekeun noetoerkeun mah ka maneh, maneh teh piběrěsiheun tina ijeu pangnjoempahan kami.” Tidinja eta abdi njokot 10 onta, ti onta djoeraganana, bral indit, mawa saroepaning barang noe aloes-aloes, kagoengan