Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35


djoeraganana; djoeng leumpang ka tanah Mesopotami, ka nagara Nahor teja.

3. Geus datang, toeloej ngaděroemkeun onta ti loewareun nagara, deukeut hidji soemoer tjai, měněran wantji boerit, ninggang waktoe awewe boedal ngala tjai. Seug oendjoekan kijeu: „Noen Pangeran, Allah djoeragan simkoering Ibrahim! moegi-moegi ditěpangkeun ka hareupeun simkoering dinten ijeu, sareng moegi midaměl kaäsihan ka djoeragan simkoering Ibrahim. Tah, simkoering nangtoeng di sisi ijeu soemoer tjai, sareng landjang-landjang, anak oerang nagara įjeu, keur boedal sědja ngarala tjai. Moegi-moegi diparéngkeun, saha-saha landjang, anoe koe simkoering bade ditjatoeran kijeu: Kěndi njai moegi sodorkeun, kaoela hajang nginoem; seug njaoer: Mangga ngaleuëut, malah koering rek nginoeman ka onta bapa ongkoh: moegi nja eta noe koe andjeun dikěrsakeun pigarwaeun abdi andjeun Ishak.” — Geus kitoe, tatjan anggeus abdi teh oendjoekan, doemadakan ka loewar Rabeka, poetra Bětoeël, nja eta poetra Nahor teja, sarta moenggoe kendina. Ari eta landjang moetoeh koe geulis roepana; djoet toeroen ka soemoer, ngeusian kendina, tjat oenggah. Seug abdi teh moeroe, něpangan eta landjang, bari mihatoer: Moen aja paidin, něda ngoejoep tjai saeutik tina kendi njai." Wangsoelanana: „Mangga, djoeragan! geura ngaleueut." Barang geus reres diinoeman, pok njaoer: „Koering dek nimba deui pikeun onta bapa." Gantjangna kendi ditjitjikeun kana paragina nginoem, seg loempat deui kana soemoer nimba, nja nimbaän pikeun sakabeh ontana. Děmi djalma teja bengongeun ka landjang teh, bari repeh, hajang njaho Pangeran ngaloeloeskeun djalanna atawa hanteu. Geus kitoe, barangna onta-onta geus reres ngarinoem, toeloej eta djalma njokot hidji anting emas djeung sapasang geulang, pikeun pananganana, bari mihatoer: „Njai teh poetra saha? Koemaha di boemi toewang rama aja enggon pikeun kaoela sareng batoer-batoer ngarereb?” Ari wangsoelanana ka dinja: „Koering teh anak Bětoeël.” Saoerna deui ka dinja: „Boh djarami boh parab loba naker di imah,