Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36

samalah ěnggon pikeun ngarěrěb ge aja pisan." Broek eta djalma soedjoed ka Pangeran, sarta oendjoekan kijeu: „Sagala poedji ka Pangeran, anoe noejoen ka simkoering dina djalan ka boemi saderek djoeragan." Bral landjang teh loempat ka boemi iboena, ngoeningakeun sagala pěrkara noe tadi.

  1. Ari Laban, saderek Rabeka, barang geus ningali anting, kitoe deui geulang dina panangan saderekna, sarta barang geus ngareungeu tjarijos Rabeka, bral ka loewar, seug moeroe ka eta djalma; pok njaoer: „Eh, noe diběrkahan koe Pangeran! mangga geura tjalik; koe naon ngaděg di loewar?" Tidinja eta djalma asoep ka boemi. Heug ontana ditjoetjoelan, sarta merean djarami djeung parab ka onta-onta, kitoe deui tjai pikeun ngoembah soekoe eta djalma. Teu lila disoegoehan dahareun. Děmi pioendjoekna: „Koering moal něda, ari tatjan ngoendjoekkeun