Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37


pihatoereun koering." Ari saoer Laban: „Soemangga, saoerkeun.” Toeloej koe Eliëser ditjarijoskeun saniskara, seug kijeu pioendjoekna „Ari ajeuna, madak-madak arandjeun kěrsa midaměl kaäsihan sareng kajaktosan ka djoeragan koering, moegi maparin njaho ka koering.” Ngawalon Laban djeung Bětoeël, kijeu walonanana: „Ijeu pěrkara ka-loewarna ti Pangeran. Tah, Rabeka aja di hareupeun sampejan; tjandak bae, toeloej mangkat, sina djadi garwa poetra djoeragan sampejan, sakoemaha pangandika Pangeran teja.” Démi geus kitoe, barang abdi Ibrahim ngadenge eta kasaoeranana, brěk njoeoeh kana taneuh, soedjoed ka Pangeran. Toeloej abdi teh ngaloewarkeun barang sipat emas-perak reudjeung panganggo, dihatoerkeun ka Rabeka; kitoe deui ka saderekna sarta ka iboena njanggakeun barang noe moelja-moelja. Ari isoek-isoek haroedang, seug abdi teh mibatoer: „Koering moegi didjoeroeng wangsoel ka djoeragan koering.” Seug Rabeka disaoer, bari toeloej dipariksa kijeu: „Koemahna njai daek leumpang, miloe djeung jeu djalma?” Wangsoelanana: „Soemoehoen, daek pisan leumpang.” Tidinja Rabeka djeung pangasoehna, kitoe deui eta abdi Ibrahim, pada didjoeroeng lakoe; sarta pada ngaběrkahan ka Rabeka, kijeu salaoerna: „Eh doeloer! moegi njai didjadikeun bareboe-reboe laksa, sarta toeroenan njai sing kawaris lawang moesoeh-moesoehna.” - Ari Ishak ka loewar, sědja tapakoer di těgal, wantji rek boerit. Toeloej tjengkat sotjana, ret ningali, beh daratang onta. Rabeka kitoe keneh tjengkat sotjana, ningali Ishak. Toeloej njaoer ka abdi teh: Saha eta djalma, noe angkat di těgal mapag ka oerang?” Wangsoelanana: „Nja eta djoeragan koering teja. Top Rabeka njandak tijoengna, bari seug ditjindoeng. Toeloej abdi teh njarijoskeun ka Ishak sakabehna pěrkara, noe dilampahkeun koe manehna teja. Tidinja Rabeka koe Ishak dilěbětkeun ka himah Sarah iboena; geus kitoe Rabeka ditikah, djadi geureuha Ishak, sarta dipikaasih. Kakara Ishak kalipoeran sanggeus katilar koe iboena. Ari — Ibrahim 175 taoen oemoerna, toeloej poepoes, sěpoeh, toer warěg oemoerna; dirijoengkeun ka bangsana. Tidinja