Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38


andjeunna koe poetrana, nja eta koe Ishak djeung Ismail, dikoerébkeun ka goeha Makpela teja.


§ 15. Poetra Ishak.

(1 Moesa 25-27.)

1. Děmi Ishak oemoerna 40 taoen keur mangsa nikah ka Rabeka. Ari Ishak sok něněda ka Pangeran, mangnědakeun geureuhana; sabab eta teh gaboeg. Lila-lila koe Pangeran ditarima panědana; toeloej Rabeka bobot, ladjeng koe Pangeran diandikaän kijeu: „Doewa kaom mangke papisah ti awak maneh, sarta noe kolot bakal ngawoelaän ka noe ngora.” Ana geus djédjég mangsana, dongkap ka ngowo, doemadakan kembar di djero kandoenganana. Anoe ka loewar ti heula beureum, saloewar awakna saperti haroedoem boeloe; seug didjěněnganan Esaoe. Ari rajina didjenenganan Jakoeb. Ari eta moerangkalih pada ngagědean; geus kitoe Esaoe djadi djalma bisa moro, djalma tégal; děmi Jakoeb djadi djalma satěménna, tjalikna nganggo himah. Ari Ishak miasih ka Esaoe, sabab kasěděpna beunang moro; děmi Rabeka miasihna ka Jakoeb. Hidji mangsa Jakoeb aja kaolahan, beunang andjeunna ngolah. Kaběněran Esaoe soemping ti tegal, sarta tjape. Pok Esaoe misaoer ka Jakoeb: „Tjik, akang bere njatoe eta noe beureum-beureum sawareh, karana akang tjape.” Ngawalon Jakoeb: „Moedoe ngadjoewal ajeuna ka koering hal katjikalan akang.” (¹) Ari saoer Esaoe: „Saěnjana akang eukeur eumpang kana maot; naon pigaweëunana katjikalan teh ka akang?” Saoer Jakoeb: „Moedoe soempah ajeuna ka koering.” Pek Esaoe soempah ka Jakoeb; djadi Esaoe ngadjoewal hal katjikalanana ka Jakoeb. Toeloej Jakoeb ka Esaoe ngahatoerkean roti djeung kaolahan katjang teja. Seug Esaoe dahar-leueut, neut ngadeg, toeloej angkat. Djadi Esaoe, noe sok aja noe njěboet Edom,

(¹) Anoe boga hoekoem katjikalan, eta kaoentoenganana doewa roepa: hidji tina barang waris meunang doewa bagian; doewa dina djéro boemi ramana anoe tjikal teh moedoe kawas panghoeloe djeung praboe.