Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39


keun hal katjikalan. Ari Esaoe geus dongkap ka oemoer 40 taoen, toeloej geureuhaän ka doewa oerang Het. Eta doewanana ka Ishak djeung ka Rabeka matak djaheut manah.

2. Ari keur mangsa Ishak geus sepoeh, sarta sotjana geus dongkap ka lamoer, hanteu teges ningalina, hidji waktoe andjeunna njaoer Esaoe, poetrana noe kolot; lahiranana ka dinja: „Geuning, ama geus kolot, sarta ama hanteu njaho di poë ama pipaeheun. Ajeuna geura njokot wadah djamparing djeung gondewa, los ka loewar ka tégal, pangmorokeun ama, sing aja beubeunangan, Seug ama pangnjijeunkeun kahakanan noe ngeunah, sakoemaha kabeuki ama, toeloej bawa ka ama, dek dahar; sangkan diri ama ngabérkakan ka énoeng samemeh ama paeh.” Eta teh kadangoe koe Rabeka; pok misaoer ka Jakoeb: „Geura los ka ingon-ingon; iboe pangnjokotkeun ti dinja doewa siki anak embe noe araloes; koe iboe rek didjijeun kahakanan anoe ngeunah, pikeun rama énoeng, sakoemaba kasěděpna. Toeloej koe noeng eta koedoe disanggakeun ka rama énoeng, sina toewang, sangkanna ngaběrkahan ka enoeng samemeh rama poepoes.” Pioendjoek Jakoeb ka Rabeka iboena: „Salérésna Esaoe, doeloer simkoering, djalma boeloean, doepi simkoering mah djalma limit. Bisi simkoering koe ama dirampaän; ana kitoe mah simkoering koe pangraos ama sapertos noe ngabobodo; djadi simkoering teh ka diri sorangan ngadatangkeun panjapa, moal ngadatangkeun berkah.” Děmi saoer iboena ka Jakoeb: „Eta, ěnoeng! perkara panjapa koe iboe ditanggoeng. Sing noeroet bae ka papatah iboe; geura djig, pangnjokotkeun!” Bral Jakoeb angkat, pek ditjandak bari disanggakeun ka iboena. Toeloej iboena ngadamél kadaharan noe ngeunah teja; geus kitoe njandak papakean Esaoe noe leuwih aloes, pek dipakekeun ka Jakoeb; sarta koelit anak embe teja dipakekeun ka pananganana djeung ka noe limit dina tenggěkna. Toeloej Jakoeb asoep ka ramana, bari mawa kadaharan teja, sarta oendjoekan kijeu: „Noen ama!” Ngawalon Ishak: „Saha ĕnoeng teh?” Pioendjoek Jakoeb ka ramana: „Simkoering teh Esaoe, tjikal ama; simkoering