Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

ngalampahkeun sakoemaha lahiran ama ka simkoering teja; moegi geura tanghi, linggih, mangga toewang ijeu beunang simkoering moro, sangkan sulira ama ngaběrkahan ka simkoering.” Ngalahir Ishak ka poetrana: „Naha ĕnoeng! mana gantjang teuing manggih?" Wangsoelanana: „Wireh koe Pangeran, Allah ama, dipěndakkeun ka hareupeun simkoering." Lahiran Ishak ka Jakoeb: „Isér atoeh, ěnoeng! koe ama dek dirampaän; maneh enja anak ama Esaoe atawa lain." Geus dirampaän lahiranana: „Sorana sora Jakoeb, děmi leungeunna mah leungeun Esaoe;" sarta naros deui: „Na maneh ěnja anak ama Esaoe?" Wangsoelanana: „Soemoehoen, jaktos simkoering." Seng Ishak toewang, malah dihatoeranan anggoer, toeloej ngaleueut. Geus kitoe Jakoeb koe ramana dilahiran kijeu: „Eh, ěnoeng! iser atoeh, ama geura tjijoem." Sěr Jakoeb ngadeukeutan, bari njijoem ka