Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41


andjeunna. Koe Ishak kaängseu baoening papakeanana, sarta toeloej diberkahan, kijeu lahirna: „Moegi-moegi maneh koe Allah dipaparin tji-iboen langit reudjeung kalintoehan boemi; masing loba gandoem reudjeung anggoer. Bangsa-bangsa koedoe ngawoelaän ka maneh, sarta kaom-kaom koedoe njarěmbah ka maneh. Sing djadi kawasa ka doeloer-doeloer maneh; sakabeh anak indoeng maneh koedoe njarěmbah ka maneh. Saha-saha noe njapa ka maneh, sing disapa deui; djeung saha-saha noe ngaběrkahan ka maneh, sing diberkahan deui.”

3. Geus kitoe, barang Jakoeb kakara ka loewar ti pajoeneun ramana, djeboel Esaoe poelang moro, bari oendjoekan ka ramana: „Noen ama! moegi geura tanghi, mangga toewang jeu beunang moro poetra ama teja, sangkan salira ama ngaběrkahan ka simkoering.” Pok Ishak ngalahir ka dinja: „Na maneh teh saha?” Wangsoelanana: „Noen, simkoering teh poetra ama, tjikal ama, nja Esaoe teja.” Ngagéběg Ishak, kaget kalangkoeng-langkoeng, angět katjida, bari ngalahir: „Na saha atoeh, anoe bijeu boga beunang moro, dibawa ka ama? Ari koe ama didahar sakabehna, samemeh ěnoeng datang, sarta eta koe ama geus diberkahan, malah-malah diběrkahanana teja tangtoo tětěp.” Barang Esaoe ngareungeu pilahir ramana, gero bae djědjeritan liwat saking, mělas-mělis, angět katjida. Pok oendjoekan ka ramana: „Naha ama ngan kagoengan berkah hidji bae?” Ngawalon Ishak ka dinja: „Maneh pihiroepeun koo lantaran pedang maneh, djeung bakal ngawoelaän ka doeloer maneh. Děmi měngke, di mana maneh ngalantoer, seg maneh bakal ngaragragkeun pasanganana tina poendoek maneh.” (¹) Ari Esaoe teh giroekeun ka Jakoeb tina hal berkah teja, sarta bari njaoer sadjero manahna: „Geus deukeut. ka mangsa prihatin katilar ama; heug aing dek modaran ka si Jakoeb, doeloer aing.” Gantjang Rabeka misaoer ka Jakoeb: Geura dangdan, koedoe kaboer ka Laban, saderek iboe; seug koedoe tjitjing di andjeunna sababaraha poë, datang ka geus sirna panas-ati doeloer maneh, Ari geus datang ka lēmpěr amběkna, tangtoe iboe miwarang ngala maneh ti dinja.” Děmi Ishak