Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42


ngaběrkahan ka Jakoeb, kijeu saoerna: „Ari Allah anoe moerbawiwesa moegi-moegi ngaběrkahan ka maneh, sarta maneh moegi didjadikeun baranahan reudjeung didjěngkarkeun. Toer Allah moegi-moegi ka maneh maparin bërkah Ibrahim teja.” Eta kitoe Jakoeb koe Ishak dipiwarang leumpang ka Mesopotami, ka Laban, sarta kijeu timbalanana: „Maneh poma oelah rek boga pamadjikan ka anak oerang Kanaän; koedoe ngalamar pipamadjikaneun salah-sahidji poetra Laban.”

(¹) Toeroenan Esaoe pada tjaritjing dina pigoenoengan Seir. Eta pigoenoengan ajana kidoeleun tanah Kanaän, mimitina dina laoet Paeh, troes ngoedjoerna ka beh kidoel, dongkap ka těloek Akaba. Koe radja Daoed oerang Edom ditaloekkeun, tatapi djaman beh dijeuna maranehanana merdika deui.


§ 16. Jakoeb kaboer ka Mesopotami.

(1 Moesa 28.)

1. Bral Jakoeb angkat. Mangsa geus ka loewar ti Berseba, toeloej angkat ngadjoegdjoeg ka Haran. Djog dongkap kana hidji ěnggon, seug ngarěrěb di dinja, sabab panon-poë geus soeroep; pek njandak hidji batoe, diteundeun dina siraheunana, toeloej ebog, sare di enggon eta. Geus kitoe ngimpi; doemadakan, aja hidji taradje, nangtoeng dina boemi, ari tjongona něpi ka langit, sarta, doemadakan, para malaikat Allah oenggah-toeroen dina eta. Doemadakan, Pangeran keur ngaděg dina loehoereun taradje, sarta nimbalan kijeu: „Ijeu kami Pangeran, Allah Ibrahim, anoe aki maneh, sarta Allah Ishak. Ijeu tanah, noe keur dikěděngan koe maneh, koe kami rek dipaparinkeun ka maneh djeung ka toeroenan maneh. Djeung deui toeroenan maneh pidjadieun sapěrti keusik noe di boemi; malah di djěro maneh sarta di djěro toeroenan maneh sakabehna bangsa di boemi bakal pada kaběrkahan. Djeung deui, masing njaho, kami teh njarěngan ka maneh; tangtoe kami ngaraksa ka maneh, ka mana bae maneh nja pileumpangeun, sarta měngke maneh koe kami dipoelangkeun deui ka tanah ijeu.” Ana Jakoeb lilir tina sarena, pok njaoer: „Saestoena