Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44


ka mamang, naon piboeroehaneun agoes?” Děmi Laban kagoengan doewa poetra awewe; djěněngan lantjeukna Lea, ari djěněngan rajina Rahel. Ari Lea belek sotjana, děmi Rahel mah aloes didig geulis roepa. Ari Jakoeb asiheun ka Rahel; seug ngawangsoel kijeu: „Koering sanggěm ngawoela 7 taoen lamina, soepaja dipasihan Rahel.” Tidinja Jakoeb ngawoela 7 taoen lilana, malar dibere Rahel; ari koe pangrasa Jakoeb mah itoeng poë-poë bae, bawaning koe asih ka Rahel. Geus djědjěg mangsana, Laban hadjat, Ari geus peuting, seg Laban njandak Lea, dianteurkeun ka Jakoeb. Děmi wantji isoek sihoreng teh Lea (¹), Pok Jakoeb misaoer ka Laban: „Naha ama mana ngabobodo ka koering?” Saoer Laban: „Hanteu kalampah di ěnggon ijen, ngawinkeun boengsoena memeh tjikalna. Heug itoe ge ěngke dibere ka agoes, majar pangawoela noe koe agoes koedoe dipigawe deui ka mamang, pililaennana 7 taoen deui.” Toeloej koe Laban dileler Rahel, djadi geureuha Jakoeb, sarta eta ngawoela deui ka Laban 7 taoen deui lilana. Ana katingali koe Pangeran, jen Lea teh dipikageuleuh, Pangeran moekakeun pianakanana, děmi Rahel mah gaboeg.

(¹) Anoe matak Jakoeb beunang dibobodo koe Laban, sabab panganteun awewe dianteurkeun kana boemi panganten lalaki make tjindoeng, Koe beran balěsan Allah. Jakoeb teh dibobodo koe Laban, sapěrti Ishak dibobodo koe Jakoeb. Koe Ishak dipaparin bérkah ka noe teu dikěrsakeun koe andjeunna. Nadjan kitoe mah anoe meunang běrkah nja djalma anoe dipastenkeun koe Allah, Nja kitoe deui koe Jakoeb ditikah anoe hanteu dikěrsakeun. Nadjan kitoe mah anoe ditikah nja awewe anoe dipastenkeun koe Allah. Sabab lain Rahel anoe dipoedji teh, koe Allah dibakoekeun djadi Iboena Joeda, karoehoeu Goesti Jesoes, balikanan Lea anoe dihihina.

2. Geus toetoep 7 taoen noe ijeu teja, pok Jakoeb mihatoer ka Laban: „Moegi koering didjoeroeng leumpang, sědja wangsoel ka tanah koering. Moegi maparin poen bodjo sarěng poen anak, beunang simkoering ngawoela ka salira ama.” Ngawalon Laban: „Moegi ama manggih wělas dina panon agoes; koe ama geus karasa, pangdibérkahan ama koe Pangeran, nja koe