Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
45


karana agoes. Tjik, sěboetkeun ka ama piboeroehaneun agoes, koe ama tangtoe dibere.” Toeloej koe Jakoeb ditěda piboeroehaneun sagala ěmbe-domba noe toetoel sarta bělang, djeung domba anoe hideung. Kitoe deui keur měngke sakoer anak ěmbe djeung anak domba noe toetoel atawa bělang. Eta boeroehan koe Laban diganti 10 kali di djěro 6 taoen. Sanadjan kitoe Jakoeb datang ka djěmbar liwat saking, moenggah loba nakěr nja kagoengan ěmbe-domba djeung boedjang awewe lalaki, kitoe deui onta reudjeung kalde. — Ari Lea ngowokeun pikeun Jakoeb 6 poetra paměgět, anoe kijeu ngaranna: Roebin, Simon, Lewi, Joeda, Isaskar, Sěboeloen. Koe 2 eusi imah garwana didjoeroekeun pikeun andjeunna: Dan, Naptali, Gad, Aser. Ari Allah ka Rahel oge emoeteun, sarta koe Allah dimakboel. Tidinja Rahel ngowokeun Joesoep; sanggeus kitoe, barang geus dongkap ka tanah Kanaän, ngowokeun Binyamin.

3. Děmi Laban katoet poetra-poetrana darěngkieun ka Jakoeb, sabab kahardjaänana. Ladjeng Pangeran nimbalan ka Jakoeb: „Geura moelang ka tanah bapa-aki maneh; ari kami tangtoe njarěngan ka maneh.” Tidinja Jakoeb miwarang njaoer Rahel djeung Lea ka těgal, ka ěmbe-domba andjeunna. Sasoempingna pada dilahiran kijeu: „Akang geus nendjo pasěmon rama njai, eta ka diri akang geus teu tjara kamari-mangkoekna. Ari njai teh pada njaho, jen akang geus sakoewat-koewat nja ngawoela ka rama njai; balikanan rama njai mah ngagělo bae ka akang, wani boeroehan akang diganti-ganti těpi ka sapoeloeh kali; ngan koe Allah hanteu diidinan migawe goreng ka akang.” Ngawangsoel Rahel djeung Lea: „Sadajana noe koe Allah ditimbalkeun ka akang teja, soemangga lampahkeun." Tidinja Jakoeb dangdan, sarta ngamomotkeun poetra-garwana kana onta-onta. Djoeng angkat, njandak sakabeh ingon-ingonna djeung sakabeh radja-kajana; sědja moelih ka Ishak ramana, ka tanah Kanaän teja. Ari dina poë noe katiloe aja noe ngoeninga ka Laban, jen Jakoeb minggat. Gantjang njoesoel ka Jakoeb; kaboeroe di