Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46


pigoenoengan Gilad. Děmi Allah njoempingan ka Laban dina impian te peuting, sarta nimbalan ka dinja kijeu: „Masing hade-hade, maneh ka Jakoeb oelah rek ngomong, boh hade boh goreng.” Toeloej Laban misaoer ka Jakoeb: „Koe naon minggat soesoeloempoetan? Ari ama teh koe agoes teu dibere njijoem-njijoem atjan ka intjoe sarta ka anak. Leungeun ama kawasa migawe goreng ka agoes, tatapi Allah rama agoes peuting tadi nimbalan ka ama, kijeu timbalanana: „Masing hade-hade, maneh ka Jakoeb oelah rek ngomong, boh hade boh goreng.” Ari koe Laban reudjeung Jakoeb didjijeun pěrdjangdjian. Tidinja Jakoeb djěngkar, ngaladjěngkeun djalanna; seug kapapag koe malaikat Allah pirang-pirang. Barang koe Jakoeb katingali, pok misaoer: „Ijeu teh wadya-balad Allah!” noe matak eta enggon koe andjeunna dingaranan Mahanaim (těgěsna doewa wadya-balad).

Koe eta wadya-badad doewa, Goesti Allah kersa ngawoeroekkeun ka Jakoeb. Nadjan manehna poho kana pěrdjangdjian Allah, Allah moal lali kana pěrdjangdjianana (1 Moesa 28:15.) Tjek rasoel Paoeloes: Sanadjan noe sawareh hanteu pertjaja, naha eta kateupěrtjajaänana teh bisa ngaloepoetkeun kana ka estoean Allah? Roem 3:3.


§ 18. Jakoeb moelih ka tanahna.

( 1 Moesa 32—35.)

1. Geus kitoe Jakoeb ngiberan ti pajoeneunana ka Esaoe saderekna. Oetoesan diparentah koedoe oendjoekan kijeu: „Noe mawi simkoering ngadjoeroeng ka djoeragan, soepaja měndak koernija dina sotja gamparan.” Geus kitoe oetoesan teh daratang deui ka Jakoeb, oendjoekan kijeu: „Koering sadaja parantos ngadeuheusan ka raka gamparan, ka Esaoe; malah-malah ajeuna keur di djalan, mapag ka gamparan, njandak 400 djalma.” Toeloej Jakoeb langkoeng-langkoeng nja sijeuneun, sarta soesaheun katjida. Tidinja djalma-djalma noe ngiring ka andjeunna, kitoe deui ěmbe-domba, sapi reudjeung onta, koe andjeunna dibagi, didaměl doewa balad. Ari manahna kijeu: „Oepama Esaoe nga